Minggu, 25 Juni 2017

Pangindung Rasa

Pangindung rasa
        Cipt.Wilman Indra Juanda .S.E.
Pamugi hibarna srangenge milu nyaangan
Hate urang sarerea dulur
Seungitna kembang malati nu ligar di patamanan
Nyambuang jadi wawangi kembang nu asri
Sakedeng yu urang impleng
Bari ngaheneng ngaraga meneng
Mukakeun angen angen nu tadina di anggap peteng
        Menekung loba kabingung
         Teu ,teu kudu bingung
         Antara hirup jeung ngimpi
          Hirup lir ibarat ngimpi
Mun pareng poe isuk panggih deui
Lambaran nu anyar kabuka ti mmimiti
Wanci janari,
        Yu urang tangkeup dzikir ketir
        Nu aya di badan lahir
        Ciciren badan awaking
         Nu nyanding dina hariring
Dina raga aya jiwa dina jiwa aya sukma
Nu jadi pangindung rasa
Manehna ceurik dina ati
Bongan ku urang teu di pupusti
        Saencan diri pinasti
       Ajal tumekaning pati
       Ulah rek kasungsi -sungsi
       geuwat- geuwat sadar
       Kana diri
Sok sieun ,rempan ku bisi
Kaburu datangna wanci
Raga papisah jeung nyawa
Maot pingaraneun nana

   
     

Tidak ada komentar:

Posting Komentar