Minggu, 25 Juni 2017

Kalangkang budah

          Kalangkang budah
                            Cipt Wilman Indra Juanda SE
Cai ombak nu ngagolak mudah
Milu marengan eusining hate nu sarwa marudah
Angin puyuh ngagelebug  pada datang teuing ti mana
Guludug pating beledag nyamberan budah omabak sagara rasa
Bulan ngorejat kabetak sora saking tarikna
Alam beuki genjlong lir lini datang sasari
Hiji jalma ngabedega nahan kuciwa
Amarah na meh mudal henteu katadah
Susumbarna mapakan sora  ombak nu  pinuh ngaguruh
Beledag sora gelap nempas deukeut pisan lebah ceulina
Gajleng manehna luncat kana umpalan cai
Haram jadah siah,,, ...
Ceuk manehna meupeus keuyang kana sakersaning alam
Reup mangsa lengit di tilepan waktu
Teu malire kana hiji hate nu teuas na batan batu
Ngan waktu nu bakal ngagayem jiwana
Saseget saseget pating seleket
Waktu nu meureut kulit jadi kariput
Waktu nu baris mampuh ngelehkeun hate tur jiwa manehna
Ahirna manehna ngoleab kabawa ku budah laut
Ka sagara tempat ngamuara sagala kokotor dunya
Langit jempling ,laut jempling
Tangkal kalapa ngajanteng jadi saksina
Lumangsungna hiji tragedi nu teu mustahil bisa ngajadi
Halimun geus ngagarayot minuhan sarupaning dangdaunan
Hawar hawar sora sato peting geus mimiti nyalaring
Panonpoe ngerelep ka dasar sagara
Mere tanggara sangkan eling kana kamurahanana
Tapi manusa ,,weleh teu tumarima

   Banten 11  Maret 2017
Penulis Wilman Indra Juanda SE.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar