Basa rek indit
Bareng jeung lawang ghoib mukakeun panto lawang panonpoe
Di papag imut mega samar samar
Angin pamit ngusap birit
Tuhu kana ucap janji langit kamari
Kapinis nyamberan kalangkang
Sorangan na beungeut empang
Dina dahan pangpung gaaring
Anak peking pating caricit ricit
Nepikeun jumerit kaluhur langit
Leungiteun kalangkang mega
Pangiuhan panyaluuhan
Muara leungiteun wanda
tresna ngambang di sagara
pisah raga pisah nyawa
Ayeuna kakara sadar mun nyawa tinggal sapasi
Jati diri jadi saksi ,mun datang topan ka aral
Saupama dahan dahan awi ngaregang
Hate merang ku kamelang.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar