Cipt. Wilman Indra Juanda
Aya tulang nyangsang 'na dahan
Deudeuh sesa raga arucutan
Di hiji leweung geledegan
LIr langlayangan nu teu karucuk teu karucu
Tangkorekna di ranggeum areuy
Topi waja jadi bangkarak nadahan saban datangna cihujan
Bedil ,sekin ngarumpuyuku lumpuh
Disasarap heumeus beueus,deudeh
Di rurub hujan kalakay
Pangkatna katut tanda tandana mo kapapay
Moal aya nu nyalawatan
Tan kulawaraga jeung panutan
Di hiji leuweung geledegan
Kamana pasukan tambur
Nu ilaharna jajap ka alam kubur
Di pirig rampak sora tembak tempur peperangan
Tembakan rasa bela sungkawa jeung kahormatan
Di hiji leuweung geledegan
Ilang sirna tanpa raratan
Tidak ada komentar:
Posting Komentar