Minggu, 25 Juni 2017

Di laut Kidul

            Laut Kidul
                    Cipt.Wilman Indra Juanda Se.
Biru laut nu upluk aplak
Ka sela ombak nu pating siriwik
Pating rariak,tingcarelak
Kasilir angin nuleutik
Matak betah ayem tremtrem
  Tapi mun keur rajeun motah
  Ombakna ngadadak galak
  Nembag karang malik nangtang
  Ngajak tarung perang tanding
  Meupeus keuyang ,mungguh rungsing
  Nepak dada ieu aing
 Sorana nu handaruan
 Cing gegeler patembalan
 Rongkah taya nu mapakan
Ganti mangsa lain carita
Ombak laut jadi sirna ,ngenclong hejo semu biru
Kadongdom para wisata
Langit cekas ,hegar bengras
Matak betah ngawawaas
Wening ngahenang ngahening
Mutuh matak betah cicing
Pangpangna keur urang asing
Endah estu matak betah
Najan geus miang tetep kaciri
Lir putri sugih panyari
Waris mukti ti ajali
Kitu kaagungan tur kabeungharan gusti

                        Banten 3 maret 2017
 Penulis Wilman Indra Juanda SE.




 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar