BUBUKA
Bismilahirohmanirohim
Assalamualaaikum
wr wb
Hadirin saderek miwah para sepuh
sadayana
Dina
raraga mielling deui kana sumpingna hiji
diten anu, teu kalintang ageung ,hikmahna kanggo urang sadaya, ,ku
margi nya di dinten ieu pisan kakandung ,hiji sejarah anu agengna teu tiasa sareng teu
ka ukur ku harta kitu oge banda ataanapi
ku ukuran duiawi anu sanesna ,estuning mangrupikeun hiji
anugrah sinareng rohmat mungguh alloh swt anu maha agung, nu maha sagalana kumargi nya ,mung ku kersana alloh swt, dina
kaping 17 agustus taun 1945 dintenan di kumandangkeunna proklamasi ,,,ku Bapak presiden Sukarno kapungkur, nya eta hiji dinten anu nuntaskeun tina lumangsungna
peperangan para karuhun urang baheula dina jaman penjajahan nya eta dina sasih ieu pisan , kemerdekaan RI teh
tos nincak dinu kaa ka 71….
Insyaalloh
pribados kairing ku para sepuh oge rencang rencang sakalih anu sami sami micinta
Kana
seni sunda anu linuhung nu wajib di jung jung di pusti pusti
Seja
minton keun hiji karya seni Gending karesmen anu “Judulna
Kembang ka asih.
Pamugi
ieu carita gending karesmen anu baris dipintonkeun teh sing jadi panggeuing ,pangeling ngeling,
Sangkan
urang salaku urang sunda henteu leungiteun
tapak dina nyungsi budaya urang
salaku urang sunda ,kumargi ,ngan ku urang ,seni jeung budaya urang ,di mumule di
riksa ,di jaga,ku rasa jeung rumasa.Atuh sakalih ti eta teu hilap da urang mah
urang sunda anu tabiat na tara leupas tina heureuy, pan aya paribasa ceunah
urang sunda mah beuki heureuy nya urang selang wae ieu lumagsung na ieu carita
teh ku carita nu lucu ,sumuhun,pamugi we
bilih wa aya nu nuju bingung sareng sedih cing kaubaran sok sanajan ku
kaheureuyan anu basajan.
Kanggo
lumangsungna ieu carita gending karesmen
teh, nya baris di candak atanapi di
pedar ku ,,marurangkalih wae ..nya eta anu ka
hiji,. .1………. salaku ,… maman
2………...salaku neng rosma
3……… salaku babaturan maman.
4……….2 urang..salaku
babaturan nen santi.
5………...salaku indung maman
6…………2 uranmg salaku midun ,jeung
babaturannna
7………...salaku bapakna neng santi
nu baris nikah keun
Maman ka neng santi…
Mung sakitu 9 jalmi nu baris medar ieu carita gending
karesmen judulna kembang
kaasih,,,atuh supados rada sumanget dina merankeunnana,,,atuh mangga urang,bubungah wae ieu murangkalih teh.,, kuperhatosan
kalayan pinuh ku kaasih jeung ka cinta
kaanjeuna….mangga atuh urang keprokan heula wae …ku keprokna anu meriiah, atuh sim kuring ngahturkeun nuhun pisan ka sadaya anu tos ngiring rumojong
kana lumangsungna pagelaran ieu
carita,,,pamugi sadaya upaya urang sing janten hiji upaya anu mangfaat sarta janten picontoeun pikeun marurangkalih urang nu bakal datang… amin ,,
amin ya robbal alamiin
.
Bubuka ngangge lagu ,kacapi suling cianjuran.
Mamaos
memang raos kadanguna,galindeng cianjuran ngahudang rasa
Kitu
deui lumeungisna sora suling milu marengan
Mepende
tur ,mapantes adeg adeg dina lumangsung ieu carita
Atuh
sumangga supados teu nyangkolong teuing
kana waktos
Urang
bandungan wae ieu jalan carita anu baris di pedar ku pribados sinareng rencang rencang sakalih
Pamugi
sing janten panghibur ,pangbeberah manah sok sanaos ku kamampuan anu basajan
Atuh
sateuacana teu hilap pangapunten tina
sadaya kakirangan. Wilujeng .
Babak ka 1
Kairing music cianjuran .Sunda parahiangan
Meletekna panonpoe ti belah wetan ,geus
mimiti nyaangan sabudeureun alam ,ti kajauhan katinggal hiji sepuh tengah tuwuh
,tonggoy ngalenghoy lir ibarat macan tenangan ngajugjug hiji tempat pasawahan
nu aya di hiji lengkob jeung basisir pagunungan ,nataktakna teu weleh nyampai
hiji pacul nu satia milu marengan,Di hiji imah sisi sawah ka sawang salah
sahiji ibu guru nu geus tatan tatan geusan miang seja ngawulang pikeeun
nyumponan hiji kawajiban nu saban poe geus biasa di lakonan,dina saung ranggon
kasampak aya hiji jajaka nu nuju anteng ngumbar lamunan jiga aya nu diemutan
tur di pihayang ,nya saha deui atuh lamun sanes jang Maman hiji jajaka nu nuju
kasmarran ku hijji wanjoja nu teu weleh ka emutan ,Nya saha deui atuh lamun
sanes neng Santi hiji wanoja nu miboga hade wanda,hade rupa someah tur ramah
tamah,nya antukna anjeuna,jang Maman nguniang bari ngagalindeng mere pujian .
(
Ngangge lagam lagu Kulucu Malati)
- Kulucu neng Santi nu aya di taman sanubari ( 2 kali
)
- Geulis rejeng daria ramah tamah jeung
someah ( 2 kali )
- Ku endah budina ,budi basa oge
tatakrama ( 2 kali )
- Tara sombong jeung ria estu ngimbang jeung
wandana
- Tara sombong jeung ria …ngimbang kana
wandana.
Di
teruskeun ku paguneman anu di pirig
sora kacapi suliing lagu ayun ambing
- Di mangsa katukang tukang kuring kungsi ngarandapan
- Katarik ku hiji awewe ,…. Tapi,,, asanamah
da teu kawas naon nu karandapan ayeuna
_ Ieu mah asa aya leuwih ,,,
-
- Duh kudu kumaha mapalerkeunnaana atuh,,
- Rek blak blakan mah da asa pamohalan
--
Teu teu wani sok sanajan sarebu kali engetan terus ngalayang
- Jiga anu kaedanan…
-
Duh gusti mugi masihan kakiatan
kana ieu cocobi ka diri abdi
Abay
,,duh tong nyarios nu kitu yi ah akang jadi
sedih ,,,ieu geura dangukeun dongeng ti aabdi kang,,
Maman,,
kumaha kitu yi
…
Maman,,
cing dongeng naon deui yi,..
Abay,,,,kapungkur
kang,,,pan ,, di lembur abdi mah gaduh tangkal kalapa lumayan rada loba , bari
laluhur deuih ,,hiji waktu aya nu maling kalapa , kaperego pisan ku abdi
Maman
, teurus kumaha,, di tewak yi ..
Abay
,, ah henteu kang,,di antep we ku abdi the sinna naek deui,..
Maman
, Naha atuh , lain di tewak
A bay,,,, Da eta waktu ku abdi ,, di pelong teh
. si maling kalapa lain reuwas atawa era,, tapi kalah ,, malik nanya,,
Maman
,, nanya naon kitu yi
Abay,,
kieu saurna teh ,, ari ieu teh bener jalan kalangit, ceunah
Maman….eh
,,nu geelo meureun eta mah yi ,..
Abay,,
muhun kitu meureun ,,kang ,, ah lieur
Maman,…aya
aya ,, waeee,, yi ah,,
( Bodor)
Nya
atuh urang deukeutan.
Urang
bareng tarekahan
Nya
atuh sugan jeung sugan.
.
Terus duanana arindit ninggalkeun eta
rohangan.
Babak ka 2.
(BODOR)
Kacaritakeun indung jeung bapakna neng Santi nu keur anteng
ngalobrol di imah na
Indungna:kang ,….wayahna tah,,poe ieu mah ngan aya cai
herang ,,,nya
Ceuk manehna bari song
ngasongkeun cai sagelas
Salakina ;
beu bener ,, teupi ka kieuna ieu hirup teu kabeuli kopi kopi acan,,,,kumaha,,,,,
Indungna ; cing mana atuh duit hasil kabeca teh kang,,,
Salakina; nyeta teu meunang duit ,,nyi,….poe
ieu mah …
Tadi ge aya nu nawaran narikmah ,, malahan ngasong ngasong duit 100 rebu ,, ah ,,
wegah ,, teu di tarima ,, hoream
Indungna,, aeh aeh .. na ari akang meni ,,,sok araraneh ,,
nyaho di imah geus
euweuh nanaon,, eta di tawaran duit
, , sakitu gedena bet
embung,..henteu gelo mah…….. siah ,,,, boa . boa ,, edan….
Yeuh kang ,, ti kamari abdi ngadoa ,,menta menta kanu kawasa sangkan salaki ,,balik
baari mawa hasil usahana,, kari . kari ku akang eta rejeki bet
di . ,
, ,, ,
. ; tolak,,,,beu,,,,teungteuingeun,,
akang mah,….pamajikan ngarep ngarep,, ti suk jedur,,,,,,,
ah,,lieur,,,,abdimah,,,
Salakina; ke dengekeun heula atuh,.. nyi nu matak oge
ulah ujug ujug esmossi wae ari nanaon teh
Indungna,, nya enya aaatuh da keuheul,, asa teh,, kang ,,
mun akang nyaho…. Eureun, ayeuna ,,,,, nu nagih rabul,,ti tatadi,..abdi tepi ka
ngejat ti imah ku boosen boosenna nyanghreupan ,,
Salakina,nyeta
tadi teh ,,nu nawaran duit 100 rebu teh,, loba teuing pamenta na nyi,,,,,
Indungna ; Naha hayang naon kitu,cenah.. kang
Salakina;
heueuh heugg wae di bayar 100 rb ,cenah ngan menta di anter,kaana beca ,,,jauh pisan
mun di balitung keun mah,,,,teuing te pikamana
Nya
atuh urang deukeutan.
Urang
bareng tarekahan
Nya
atuh sugan jeung sugan.
.
Terus duanana arindit ninggalkeun eta
rohangan.
Babak ka 2.
(BODOR)
Kacaritakeun indung jeung bapakna neng Santi nu keur anteng
ngalobrol di imah na
Indungna:kang ,….wayahna tah,,poe ieu mah ngan aya cai
herang ,,,nya
Ceuk manehna bari song
ngasongkeun cai sagelas
Salakina ;
beu bener ,, teupi ka kieuna ieu hirup teu kabeuli kopi kopi acan,,,,kumaha,,,,,
Indungna ; cing mana atuh duit hasil kabeca teh kang,,,
Salakina; nyeta teu meunang duit ,,nyi,….poe
ieu mah …
Tadi ge aya nu nawaran narikmah ,, malahan ngasong ngasong duit 100 rebu ,, ah ,,
wegah ,, teu di tarima ,, hoream
Indungna,, aeh aeh .. na ari akang meni ,,,sok araraneh ,,
nyaho di imah geus
euweuh nanaon,, eta di tawaran duit
, , sakitu gedena bet
embung,..henteu gelo mah…….. siah ,,,, boa . boa ,, edan….
Yeuh kang ,, ti kamari abdi ngadoa ,,menta menta kanu kawasa sangkan salaki ,,balik
baari mawa hasil usahana,, kari . kari ku akang eta rejeki bet
di . ,
, ,, ,
. ; tolak,,,,beu,,,,teungteuingeun,,
akang mah,….pamajikan ngarep ngarep,, ti suk jedur,,,,,,,
ah,,lieur,,,,abdimah,,,
Salakina; ke dengekeun heula atuh,.. nyi nu matak oge
ulah ujug ujug esmossi wae ari nanaon teh
Indungna,, nya enya aaatuh da keuheul,, asa teh,, kang ,,
mun akang nyaho…. Eureun, ayeuna ,,,,, nu nagih rabul,,ti tatadi,..abdi tepi ka
ngejat ti imah ku boosen boosenna nyanghreupan ,,
Salakina,nyeta
tadi teh ,,nu nawaran duit 100 rebu teh,, loba teuing pamenta na nyi,,,,,
Indungna ; Naha hayang naon kitu,cenah.. kang
Salakina;
heueuh heugg wae di bayar 100 rb ,cenah ngan menta di anter,kaana beca ,,,jauh pisan
mun di balitung keun mah,,,,teuing te pikamana
Nya
atuh urang deukeutan.
Urang
bareng tarekahan
Nya
atuh sugan jeung sugan.
.
Terus duanana arindit ninggalkeun eta
rohangan.
Babak ka 2.
(BODOR)
Kacaritakeun indung jeung bapakna neng Santi nu keur anteng
ngalobrol di imah na
Indungna:kang ,….wayahna tah,,poe ieu mah ngan aya cai
herang ,,,nya
Ceuk manehna bari song
ngasongkeun cai sagelas
Salakina ;
beu bener ,, teupi ka kieuna ieu hirup teu kabeuli kopi kopi acan,,,,kumaha,,,,,
Indungna ; cing mana atuh duit hasil kabeca teh kang,,,
Salakina; nyeta teu meunang duit ,,nyi,….poe
ieu mah …
Tadi ge aya nu nawaran narikmah ,, malahan ngasong ngasong duit 100 rebu ,, ah ,,
wegah ,, teu di tarima ,, hoream
Indungna,, aeh aeh .. na ari akang meni ,,,sok araraneh ,,
nyaho di imah geus
euweuh nanaon,, eta di tawaran duit
, , sakitu gedena bet
embung,..henteu gelo mah…….. siah ,,,, boa . boa ,, edan….
Yeuh kang ,, ti kamari abdi ngadoa ,,menta menta kanu kawasa sangkan salaki ,,balik
baari mawa hasil usahana,, kari . kari ku akang eta rejeki bet
di . ,
, ,, ,
. ; tolak,,,,beu,,,,teungteuingeun,,
akang mah,….pamajikan ngarep ngarep,, ti suk jedur,,,,,,,
ah,,lieur,,,,abdimah,,,
Salakina; ke dengekeun heula atuh,.. nyi nu matak oge
ulah ujug ujug esmossi wae ari nanaon teh
Indungna,, nya enya aaatuh da keuheul,, asa teh,, kang ,,
mun akang nyaho…. Eureun, ayeuna ,,,,, nu nagih rabul,,ti tatadi,..abdi tepi ka
ngejat ti imah ku boosen boosenna nyanghreupan ,,
Salakina,nyeta
tadi teh ,,nu nawaran duit 100 rebu teh,, loba teuing pamenta na nyi,,,,,
Indungna ; Naha hayang naon kitu,cenah.. kang
Salakina;
heueuh heugg wae di bayar 100 rb ,cenah ngan menta di anter,kaana beca ,,,jauh pisan
mun di balitung keun mah,,,,teuing te pikamana
Indungna; naha menta di anteukeun kamana kitu kang.?
Salakina;
nyeta kahayang ,,na rada aneh,…manehna
menta ngurilingan kota bandung teupi ka
7 iliran .,, mereun suku aing balik teh jadi modokan,… kajuen teu boga duit
tinimabang kitu mah
Indungna ;
euh,, dasar ,, bodo boga salaki teh ari kitu,….heug gugu heula kahayangna ,, terus penta duitna ,, tah
geus di bikeun duit 100 rb,, heug ku akang tarik ,, tong jauh teuing,,,,,,
terus api api kasurupan,,,bari akang
pamacan,,,,maenya manehna teu miheulaan kabur
Salakina,, bener,,, teu kapikir teupi ka lebah dinya tadimah,,
nyi,,,, bae sugan isuk pangih deui ku akang rek di akalan,….
,Ayeuna kacaritakeun ,neng santi nu ju ka impungan ku
babaturannana
Ngangge lagu , panutup sekar duaan..
Sampurasun
dulur dulur
Dulur
jeung batur sasumur
Dulur jeung batur sa lembur
Dulur jeung batur sa lembur
Hayu
urang ririungan
Ririungan
di buruan
Sangkaan
ulah pacengkadan.
Di tembal ku babaturannana rampak ngawaler ngangge lagam , getih
suci.
Sumuhun
atuh teh sant,i mangga urang jalan jalan
Bari
ninggal pamandangan ,tangtosna ge endah pisan
Di
taman nu seueur kembang
Nu
murag urang pulungan
Nu sengit urang pilihan
Sangkan di kamar
janten hiasan
Malati
nu mekar ligar di taman
Urang
pilung ku urang urang pulungan.
Terus maranehna arindit ninggalkeun eta
rohangan.
Atuh jog maman jeung batur baturan pasngrok jeung neng santi tur batur baturna,
Atuh duanaana pada pada ngagoda ku rupa rupa gaya jeung basana,…
. (
BODOR)
Adegan ka iring ku
lagu edun ,cip taan dul sumbang,.
-
tuh tuh tingali aya awewe euy
-gelisna
edun, ……na edun…sagala edun
Urang
heureuyan sah a nu nyho kabandang sanes kitu….nya heueuh
Di tempas ku santi jeung baladna
Kasepna
edun ….edun.. sgala na edun , ke heula anan kudu d aek kanu kitu sanes kitu..
nya hueeuh
jeung saterusna……
Di teruskeun ku maman katut baturna ,lagam sabilulungan
,tong
papasean ,mending babarengan
Tong
papaseaan mending sauyunan
Mun
sauyunan persatuan tembong
Mun
sauyunan persatuan tembong
Sa
tia, sajiwa,leuwih hade tinimbang papasean
Satia
sajiwa,leuwih hadetinimbang papasean.
Terus maman miheulaan ka
hareup ngarayu ka neng santi nu di
pikahayangna
Lagam lagu bandung cipt taan dul sumbang.
Ari
mojang mojang bandung,katelah mah mojang bandung
Ka
telah mojang priangan,loba nyieun panasaran
Ari
putri putri bandung ,nu mihayang ka putri bandung
Tara
nempo ka ayaan kadang jiga kaedanan
Bandung
di lingkung gunung
Bandung..sumirat
maratan jagat.
Di tembal ku neng
santi ,, ngawaler ,, lagam lagu budak jalanan…
Keur
kuring mah pamuji teh can karuhan
Boa
pamohalan, ngan ukur rayuaan
Sabenerna
kuring mah da teu percaya,najan loba nu ngagoda sanajan tepi kamana,,,aa..aa
Kuring
teu percaya,
Dimana
,,di mana atuh di mana,,,jodo kuring na dimana tuh ayana
Iraha
,,iraha atuh ,,iraha,,,na iraha kuring tepung
jeung
manehna
Ya
alloh pamugi anjeun nnngersakeun sangkan abdi enggal enggal ennggal di tepangkeun.
, tembal ku
maman ku lagam anu sarua Di,
Ceuk kuring mah entong loba ti nimbangan
Ngudagkeun kahayang,,kalah ka lamunan
Satemena kuring mah ,arek blak blakan
Kuring boga pangharepan
Ti waktu katukang tukang.ti katukang tukang.
Kumaha
kumaha atuh kumaha,,,na ku eneng arek wae di tarima
Iraha
iraha atuh iraha,,,lamun tea eneng kersa na narima
duh
gusti pamugi , anjeun marengkeun, sangkan abdi bisa enggal di repokeun
,, di tembal deui kun eng santi,,ngangge lagam,…telak
tilu.
Henteu butuh lalaki curaling boga rasa asa
ieu aing
Heunteu euieh teu eling eling,,aduh gusti tega teh teuing.
,moal ,,moal, moaaaaal ,kuring moal rek
percaya,,najan bebeakan ngarayu kabina bina
Meungpeung aya keneh jalan pkeun ngajauhan
Sok
geura nyaringray,,montong ngahalangan
jalan.
.terus
di tempas ku maman ngangge lagam
,,,awet rajet , ciptaan dul sumbang.
,,Dasar
awewe.. loba ngalece ka lalaki sok nganggap sepele
Ngomong norotos jiga motor butut habeun di gas
anggur mururbut
Di
tembal kun eng santi jeungg aturna.
‘dasar
lalaki tukang ngagoda, hese pisan arek ngalartina,,hayang ngarayu..tapina teuna
lucu.
Jiga
jurig loba ngahuntu.
Di tembal ku maman,,lagamna sarua.
,mun
eneng geus teu suka gancang tinggalkeun.
Tong
di poyok bari haben di lebok
Dieruskeun
oge ukur cape hate jeung nambah rudet
Di tembal deui ku santi lagam sarua.
Mun akang geeus teu suka gancang juahan
Tong
di poyok bari hantem di lebok
Di
teruskeun oge ukur cape gawe jeung euweuh guna..
Di jawab babturan maman make lagam teu sabilulungan
Eh tong papaseaan,mending sauyunan
Tonng
papasean mending babarengan
Mun
sauyunan, persatuan tembang
Satia sajiwa, leuwih hade tinimbang papaseaan
Saaatia
sajiwa, leuwih hade ti nimbang papaseaan..
Ahirna
duanana ,, pada ninggalkeun eta rohangan,.
Babak ka3.
Dina
hiji mangsa kang maman maksakeun datang ka imah neng santi maksudna rek
ngalamar neng santi kalayan di anteur ku babaturannana,,maman
,,ngangge lagam rajah siliwangi,,
,sampurasun nun
paralun ka sadaya parawargi,,2 kali, seja ngaguar emutan pamugi masing ka
tampi,,hiji nami nu ka patri pamugi ta can rarabi,…di tembal ku indungna neng santi,,,ngangge lagam ,, sawer, papatet, ,hatur nuhun duh pangestu kana kasumpingan
nana,,,,sumaangga unjuk sumangga haturan linggihna heula,,,ke ku ema di sauran
si eneng nuju di kamar,
teu lila indungna
balik deui turta nyarios ku lagam anu sarua … pa mugi ulah rek bendu upami teu sapagodos sareng manahna jang
maman da atuh kedah kumaha si eneng nuju
ngantosan colonna tos lami pisan,,,
Di tembal ku maman bari ssedih make lagam nu sarua ,
teu sawios atuh ema
abdi tangtos tumarima,,ka takdir nu kawasa ,ka abdi anu tumiba ,pangapunten duh
nya ema ,kumawantun ka pangersa. ,,,atuh nya indung neng san ti ngarasa sedih
anjeuna ngupahan maman bari ngateur ninggalkeun eta rohangan
,, ngangge lagam
,,panutup sekar duaan,, ulah pegat pangharepan duh jang maman anu
kasep,,anjeun ulah leutik hate,,,istri teu ngan ukur hiji,,masing sabar yeuh
anaking pamugi jadi pepling,,, atuh nya kabehna ninggalkeun eta rohangan.,
Babak
ka 4
Saterusna
nya maman nepungan nu jadi kolotna,,,
Maman,,ngalengis
,,ngangge lagu,….
Dina
lagam ,,,ieu bakti abdi gusti..
Emma
pamugi di tampi ieu bakti ema,,, aabdi
Mung
ka emma abdi sujud mung kaema abdi tumut
Duh
emma mugi pangapunten tina samudaya dosa
…
Terus nya indungna mamatahan
maman lagam kembang Tantung panineungan,
Anaking
jimat awaking basa hidep kaimpikeun peuting peuting,
Dina
impian nu anyar keneh, kacipita keur jalan jalan duan
Geus
kitu aya nu datang ,ema ngawaskeun ti tukang,nu misahkeun waaktu eta, ema teu
bisa kumaha ,, duh hampura .
Anaking
jimat awaking ,lamun ema nginget ngeinet peting eta, bet henteu sangka
kieu jadina,ayeuna jadi ka peuerih keur hidep, nu 2 poe katukang ,cenah di
tampik ku santi ,cenah pedah aya deui ,,
calona geus mihelaan ,di janjian , harita lamun teu kapihelaaan ,ema daek atuh miheulaan
, ras ka hidep ieuh nu mihayang,budaaaak ema nu ngan hiji ,,deudeuh teuing,
, ku galindeng nu di pirig ku kacapi suling ,,lagu ayun ambing
,
,…duh,,
man,,nyaah, teh teuing yeuh anaking,,,
….ema
ge ngarti kana naon nu karandapan ku hidep..
…tapi
,, keun wae,yeuh anaking ,,kapeurih keur maneh… sing jadi peureuh ,, sangkan
maneh boga perah,,..tina peurah jadi peruh…sabab moal kapanggih jati diri…. Mun
diri anjeun teu kapatri,,,sarta di uji,,ku
gusti
Saterusna maman ngawaler kieu saurna teh …duh
,, hatur nuhun pisan ema kana piwejangna,,,pamugi piwejang ti… ema sing janten
pangeling pikeun diri abdi beurang kalawan peuting,,emaa…. jigana dugi ka
waktos ieu abdi tiasa ngariung jeung ema,,,ku margi dina peuting ieu pisan abdi
rek miang,,,lunta pikeun neang elmu tur pangalaman,…hampura,ema…(.indungnnnna
ngajawab,),,,nya..…bral ,,, anjeun geura ,,miang,,, kasep anak ema anu
bageur,….,geura teangan ,,,elmu tur
pangalaman pikeun bekel kahirupaan anjeun di waktu nu bakal datang….atuh nya
maman harita keneh indit bari mawa bekel saaya aya,…lumaku teuing
kamana,,,,nekad ,,,ninggalkeun ninggal keun lembur kalahirannana,,,lempangna
jiga nu honcewang da puguhh teu nyaho Kamana anu di tuju….na hatena,,,ngan rek neangan tempat nu merenah
keur dirina…anu eta tempat teh teuing di mana ayana
Babak ka 4.
Di
jalan maman teu weleh inget kana sagala rupa nu karandapan ku dirina..ti saprak
manehna mimiti nyaho sarta ngarasa ayana rasa cinta ,na….ras deui ka waktu
leutikna,.. waktu manehna ulin jeung batur baturna,….dina.. perjalanan,,,maman
nya manehna ngiuhan handapeun tangkal,, bari ngalamunan nasib dirina,
…galindengna di pirig ku kacapi suling lagu ayun ambing….
,,duh,,,gusti
,,abdi romaos…diri seueur kalepatan,…hirup pinuh ku kabodoan…
Duh gusti abdi nampi,,,cocobi kadiri abdi,…sadaya
nu karandapan ku abdi…. janten bukti
tina kawawasaan nana gusti,,,abdi sadar teu daya teu upayana diri abdi…
,,pamugi
gussti masihan pituduh ka diri abdi sangkan pinanggih jeung jalan nu di pirido
ku gustti ka diri abdi.. mugi gusti mendakeun jati diri abdi nu sajati,,, margi abdi yakin sadaya jalmi
moal weleh di uji,…
Abdi
sadar kana tabiat diri abdi salah sawios jalma anu moal luput tina tabeatna
salaku manusa
Manusa
mah gening leuwih condong wae kana doraka tinimbang neangan pahala
Sok
sanajan silih ingetan jeung pada ngingetan
Manusa
tetep sok rajeun poho salah sarta balangah
Manusa
mah malah leuwih condong kana kupur tinimbang syukur
Sok
sanajan manglipet nikmat jeung rahmat salawasna dikucurkeun tinu maha agung tur
maha luhung
Manusa
leuswih condong kana rasa adigung tur rasa aing tinimbang handap asor jeung
depe depee
Beu
cilaka lamun seug tea mah urang teu bisa pikeun merangannana tabiat urang anu
salawasna nulang nonggong jeung ridhona nu maha kawasa,
Sok
sanajan terus di uji kurupa rupa cocoba
Nu matak wayahna mun raga malahh tambah
kasiksa,nya nalangsa kieu jadina
Tetela
di ujina kunu maha kawasa taya kendatna,taya lian ngan pikeun n yampurnakeun
iman urang kamantena,duh pamugi pangapunten kadiri abdi gusti
amiin,,, terus
maman neruskeun deui lalampahanna..sarta ninggalkeun eta rohangan.
Babak ka 5
Ayuena
kacaritakeun neng santi….anu keur nyorangan..ti saprak kajadian waktu kaatukang
panggihna jeung maman,, manehna kakara sadar,, mun lampah manehna geus ng nyeunyeuri
ka maman…dina batinna ,, teu welleh ,,,ka emutan,,, turta boga rasa salah nu
taya tungtungna…
,Neng
santi….calik bari .. bingung ,,kumaha,,,nya pilakueun,, kahayang mah manehna
menta di haampura ka maman ,, tapi,, dalah di kumaha… da maman oge geus lunta
,, sarta teuing kamana,….santi ngalengis ,,,di pirig ku
lagu ayun ambing,,,,duh,,,gusti,,,pamugi ngahaputen kadiri abdi anu tos nganyenyeri,,,ka kang
maman,,,abdi rumaos,, lepat,, nanging dalah di kumaha atuh,, da gening, tos
kieu ka jantenana, oge saurna,, geniing kang maman tos teu aya,, di bumina turta lunta teuing kamanna,,,,,duh ,,,
haputen abdi,,,kang maman,…..saterusna ,,,anjeuna,,, nyarios,,
ngangge lagu .. bakti abdi , gusti..
..
Alloh mugia di tampi ieu bakti abdi gusti
..nya
ka allloh abdi sujud nya kaalloh abdi tumuut
Ya alloh mugi pangapunten tina samudaya
dosa,……saterusna neng sati indit ninggal keun eta rohangan,
.
Bodor
Kacaritakeun babturan midun,,nya eta ,oseng jeung onyen
Anu keur anteng nyonyoo hp, dina wanci geus reup reupan anu teu
kapikir ku maranehna lamun maranehna bakal di sampeurkeun ku jurig
Oseng; kang ,… akang karaasa teu ,….
Onyen ; naon kitu seng,, da
akang teu ngarasa nanaon ieu teh
Oseng ; abdimah asa kareueung ieu teh, hariwang sok sieu aya nanaon
, kang ,,, ah hayu uarang balik we ah,,,,,,jeung duei ,geus ,,,, poek ah ,,
kang keueung kuring mah
Oyen,: ah ,, rarasaan eta mah,,,,moal moal aya nanaon ,,,,yi,,
percayalah,,geus teu usum ,,,jaman modern,,, percaya kanu karitu ,, lah.. lain
jaman na yi,,,
Oseng ; duh kang,,,,, asa beuki keueung beuki peuting teh ,, hayu
urang balik ah,,keueung euy
Oyen ; aeh aeh , borangan di beakeun ku sorangan silaing mah ,seng.,,
moal moal aya nanaon , kua aing di teureuy aya jurig mah ,, na ,, asa na teh ,…
Oseng ; duh ,, akang mah sok
sompral kitu ari teun teh , kumaha lamun
bener aya ah,,,,kang , kawas nu heueuh rek wani wae ,,,akang mah
Oyen,…..bener .. ku aing di tewak,, naha ,, urang ,, talian pocongna,,, terus we pamerkeun meureun
meunang loba duit euy,,, lah,, kagok wae
Oseng….ah teu kuat kang …..keueung asa beuki ,, cing paruringkak
bulu punduk yeuh,…,( terus wae maneh na
indit ninggalkeun baturna nu anteng nyonyo hp, anu teu kapikir ku manehna lamun
batur na geus indit ninggalkeun manehna sorangan..keur kitu oyen ,, aya noel
kana taktakna ,,,
Oyen ,…cicing ,, lah euy,, tong noelan , kagok keur ,,, resep yeuh.
,.internetan….
Terus manehna nyonyo hp naa deui,…. Sorangan di nu poek
Keur kitu ,, taktakna aya nu noel deui ,…kalawaan leuwih tarik batan
taadi
Oyen…ih… cicing atuh,, montong noelan wae,,,,jig we rek balik mah ti heula.. lah,,
da ,, urangmah ,, ludeung sorangan ge ,, lah…kagok keur reseplah…. Euy
Keur kitu ,, teu weleh weleh aya nu noel ….malah , bueki tarik
,….deui…
Oyen kaciri jiga nu geus ngarasa rada keueung ….ngan .. dalah
dikumaha ,,,da kadorong ku karesep,,,,kana intternetan,…nyaa… maksakeun,, sok
snajan ,, na hatena,,,,geus pinuh ku pananya,, naha , nu noelan ti tatdi the
baturna atawa lain….nya mnehna susumbar
kalahka beuki di hajakeun
Oyen…;beu …cicing atuh ,, seng.. naha meuni borangan… pokona ,, aya
jurg mah…keun ku aing ,, di sanhareupan nana ,, lah
Baaaari ngareret ka oseng anu
ceuk pikirna , masih aya gigireun nana…. Pas ka rreret.. tetela , geuning nu
noelan manehna the jurig,,,,, pocong…..anu ngaaringkiwik pikasieuneun….,,,bari
ngagorowok ,, oseng lumpat ti babarantingg ,, ninggalkeun eta
rohangan……Juriiiiiiiiiig……beur waae, m,aneh na lumpat… saparan paran.
,… Babak ka 6,
,,,,,,.Dina
hiji waktu ahirna,, maman jeung neng santi panggih deui,,,neng santi sok
sanajan pinuh ku kaera,, manehna maksakeun ,…ngaleret ka maman ,, bari
ngagelenyu emut,,,kitu deui maman,, atuh asa ku bagja pisan ninggali roman neng
santi,,,jiga anu mere hate , kamanehna,…
,….ahirna
nya maman miheulaan nanya , ku lagam,…budak jalanan,..
Duh
neng santi salira Kamana wae,,,lawas teu katinggal,…teu katingal ..tinggal
Satemena
akang ngarasa nalangsa ,,inggis eneng,,kumaonam,,na hate raada hariwang
,,,,,,inggis ko maonam…mun peuting ka emutan,,, mun beurang sok kabayang..
Sok
sanajan,,,,,eneng teu gampang ka bandang..tapi akang ,, teu hariawang.
Najaaaaan
loba nu mihayang,,,, pikeun narekahan…
Ka
saha kasaha ,, atuh ka sahaaa,, diri eneng na kasaha tuh ayeuna
Kamana,,
kamana ,, kaurang mana,, ..cinta eneng ayeuna kaurang mana
Duh
eneng pamugi eneng balaka ,, na kasaha jeung atuh ka urang mana..
Teras di waler kun neng santi di lagam nu sarua,,, jang,, ciptaan dul sumbang,
Kaang
jodo teh teu gampang teu cukup ku di emutan
Sabab perlu pengorbanan.
Kang jalan kahirupan henteu salawasna
datar aya mudun jeung tanjakan
Masing sabar ngalakonan ulah ngangagap
serba gampang
Salawasna kudu eling, eling kanu maha agung
Sangkan urang henteu kupur,..
Cing jujur tong bohong
Cing bener jeung bageur ,
Ulah nganyerikeun batur ngarah hirup loba
dulur
Kang , kang,, sng jadi jalma soleh,.
Di tembal ku maman ku lagam..nu sarua
Neng sanes nganggap gampang akang mah mun
rek ngemutan
Pamugi tong ngabenduan
Neng jodo pikeun urang teu cukup ku di
pikiran
Tapi kudu di teangan
Paaasti bakal tinekanan, asal ulah…sok
cedihan
Salwasna handap asor someah hade ka semah
Tangtos bakal tumaninah,…
Sing jujur tong bohong, cing bener tur
bageur ulah nganyerikeun batur ngarah hirup loba dulur ,,..neng ,, neng ,, cing
jadi jalma soleh..,
Saterasna duanana bareng
ngalagu , duriat cipt aan dul sumbang.
Dina
hate anjeun kuring cicing
Dina
hate kuring anjen cicing
Bener
bener henteu bisa ngejat di beungkeut ku tali duriat
Sanajan
loba nu daratang pating kuriling neangan lawang
Pating
koreleng kana panto hate tapi ku urang teu di palire
Duriat
teu bisa di gentian ku harta
Duriat
teu bisa di hilian ku rupa
Duriat
teu bisa di aya aya
Duriat dtang na henteu kapaksa
Di
guratkeun tina haaate ti dituna
Di
guratkeun tina rasa ti dituna
Dibuka
di baca ku urang duaan
Di
jaga di riksa pinuh rasa kaheman.
Terus duanana ,,,,ninggalkeun
eta rohangan,, sarta maman , paanganna nungtun neng santi.
( BODOR )
Kacaritakeun babatura maman
nyaeta abay jeung aji , anu keur patorong torong teuing maebutkeun naon
abay,,; ji…..dek , jadi bingung
ayeuna the euy
Aji..; … naha bingung ku naon
deui kitu ,,,bay euy,,mikiran awewe,, deuih ,,
Abay..; lain dewek mah…..ah keur
naon mikiran awewe,,, geus teu katarik dewek mikiran nu kitu mah,, rugi euy,….
Abay . terus mikran naon atuh ,,ji euy
Aji…; nyeta dewek teh , kamari geus geunah gaaaaawe,,, euy,,,, duh tepi
ka kainget wae ,, ku genah genahna euy
Abay..; naha atuh bet di tingggalkeun ari genah mah ji
Aji.. ; nyeta dewek di tungtuntut kudu bisa bahasa inggris euy
,, pan ayeuna the geus jaman pasar bebas,,,, antukna di kantor loba pisan pigaweun
nu di krim ti luar negri,, euy ,, ah lieur . kudu kumaha ,, euy
Abay,,,, ,walah ,.walah buerat mun kitu mah kang,,,, meni neangan
deui we aaaaaaaatuh , pagawean nu saejen ,, ,, da,, moal ngarti ngrti aacan
atuh ari basana ku bahasa ingris mah , kecuali ,, mun uarang daek diajar
,,,,euy
Aji,.; Nyeta ceuk dewek di jaman ayeuna urang ,, wayahna kudu di
ajar eta bhasa teh sangkan bisa,, euy
Abay..’Ah ,, asa pamohalan kang ,,, da urang mah , kadaharan na ge beda jeung urang , inggris mah atuh…..
Aji..; naon ari maneh da ari di ajar mah euweuh sangkut paut jeung
kadaharn atuh euy
ABay…:
Aji ..;ari manrh nya aya
atuh,,,,,nu matak bisa bahasa iggris oge ,, btur mah ,, das oge ,,,di
saruaakeun kadaharan nana ge,…. Saperti , roti,…keju jeung ,,,nu lainna deui
euy
Abay …;ah ,, lieur,,,mun miir kadinya mah euy
Aji.;.bener, kang ,, coba aari urang kadaharan safanggiih agh ,,
matak ante we jadi bodo oge,.. euy ,, kadaharan ukur,,, daun sampeu,,,, balik ,
elit oge , cobek turubuk…he .. he..
Abay.;;: ah sia mah ngahina ka aing,..euy,,,, ainng ,, nah teu
beuki ,, daun samfeu ,, arii atah mah ,,, kecual meunang nyeufan euy
Aji,,:,,,ah ,, sarua we atuh
euy ,, boh atah boh , meunangnyeuan oge aaaaaaatuh,,, da lamuun ,,, Utah
mah dan sampeu sampeu keneh euy,,,,,moal jadi ,,,,,kornet siah ah
Abay . :…ah ,,,montong ngomonng , nu karitu siah aing mah jadi
rujit ngadenge n a ge uey,….hayu ah urang balik ,, lieur ah ,,
Terus
maneh na ninggalkeun eta rohangan
Babak
ka 7
Dina
hiji waktu nu geus di tangtukeun ahirna maman jeung santi ngahiji,…sarta di
tikah keun ku indung bapakna,…
,..santi
jeung maman diuk hareupeu bapakna,,,
Bapakna,,,nyarios
ngngage rajah siliwangi
amiit
ampun nun paralun kagusti nu maha suci
‘amiit ampun nun paralun kagusti nu maha suci…
Seja,ngahijikeun jiwa dina mangsa geus dewasa
Ngarah sah jeung sahadatna..mugi di aping di
jarring,(2 kali.)
..sok urang ijab Kabul ,, jang maman oge neng
santi sapada,,bapak nga ijabkeun ,, atuh , nya geura ,,ucpakeun keu hidep,..
bapakna… kaula tikahkeun neng santi jang
maman kalayan ku mas kawin saparakat alat solat ti tambah emas 50 gram di bayar
kontan,, atuh maman langsung wae ngajawab kalawan lancer pisan,, tarima abdi
nikah kaputra bapak anu namina neng santi kalawan maskawin sparakat alat solat
siareng emas 50 gram di bayar kon………….Na can ge acan ngomongna anggeus ari
ceuleungkeung the babaturannana ngajawabab ,,,,,,, syah……..cenah,… atuh pa lebe
meni mureleng bari yentak ,,, ku naon ari maneh deuih can ge acan sih jug syah weh ,,, tong di heureuy heureuy siah,,,,,,,atuh babaturan maman malik
nembalan… pok na teh ,, atuh keun bae karunya geus kolot teuing karunya pa
lebe,, lah,,……
Muhun,,,
sawioslah pak lebe ,, syah we lah,, naha supados tereh tamat,,,, ah,,, nya
sanes kitu,,,,,
….
Kumaha ,, sah.. ceuk . bapakna,, nanya,, ka penongton .. sah .. ceuk penongton,sannnggeus
ijab Kabul nya indungna mere pepeling ku lagam sawer
anganten…
..ujang
nyai nu balageur ingetkeun ieu pepelling,sangkan hidep terus eling,beurang
jeung kalawan peuting,mangsa hidep laki rabi nu moal weleh di uji,saur
rosululloh estu dunya mah tetep di siar , jiga anu hirup langgeng tapina kudu
sabanding jeung ibadah ulah petot jiga anu paeh isuk,,
saterusna di
galindengkeun bari di pirig ku kacapi suling lagu ayun ambing.,ujang nyai ari
nikah teh lain ngan ukur kariaan tapi makna nikah tinangtu bakal nungtut
pertanggung jawaban ti dunya tug nepi ka aherat jaga, kukituna omat jaga akidah
aranjeun duaan sing kukuh pengkuh sabab geus di pasek ku lam mim dua kalimah
sahadat, bral geura miang ngambah sagara
ciptaan pangeran beber layar tarik jengkar,….maman jeung neng santi crinak dak ci socana minuhan
lambey jeung pipina,, bari nyuuh dina pangkuaan nu jadi indung bapana,,
duanana
teu kuat ngedalkeun eusining hatena…
Dina hiji mangsa kacaitakeun kabogohna neng Santi balik ti pangumbaraan
dina hatena gilig rek ngalamar nu jadi bebenena anu 3 taun katukang pernah
pasisi janji jeug manehna teu ka piker saeuti eutik acan mun neng santi nu jadi
bebennne na geus kawin ka maman bari teu sakanyaho manehna
Bari mawa hate nu gumbira manenha lempang
jeung baturna
Maranenha
ngarobrol
make lagam ( buah kopi raranggeuyan)
Kleung dengdek buah kopi rarangggeuyan
Keun
anu dewek ulah pati di heureuyan
Kleung
angkleung sagara ombak ombakan
Keun
antepkeun ulah pati di deukeutan
Di tembal ku babaturaan nana make lagam lagu.( kantun jujuluk nu
arum )
Ke
akang tong bungah teuing
Abdimah
rada hariwang
Bilih
aya kajantenan
Janten
nu teu dipihayang
Sapertos
anu ti payun
Hiji
istrti tos pasini
Anjeuna
beut jalir janji
Kanu
sanes deui , jalmi.
Di jawab ku midun
babaturaaannaa make lagam sabilulungan,
Tong
sok nyingsieunan
Kuring
kasieunan
Tong
sok nyingsieunan
Kuring
sok hariwang
Tong
sok nyingsieunan
Bisi
kajadian
Tong
sok nyingsirunan
Bisi
kanyataan
Satia
,sajiwa,
Kuring
yakin manehna bakal satia
Satia
sajiwa
Kuring
yakin manehna moal sulaya.
Nya terus wae maranehna tetep gilig rek
ngadatangan ka imah neng santi nu jadi kabogohna.sanggeus maranehna tepi kanu
di tuju nya terus wae maranehna ngetrokkan panto imah na.
Midun
.
Cacaluk make lagam cacandran
Sampurasun
sampurasun
Ieu
abdi seja kapangersa
Abdi
seja cacarita
Rasa
kacida
Geus
ngagalura
Hayang
panggih jeung salira
Hayang
panggih ti baheula
Nya
atuh kudu kumaha,
Nya
bray waae indungna neng santi mukakeun panto imahna ,manehna kacida reuwasna
sabab tetela geuning nu dataang teh ,kang midun nu jadi kabogohna neng santi
baheula.
Nya manehna ngajawab make lagam sawer panganten
Duh
kasep hampura teuing
Kapan
si eneng geus kawin
Di
ajak ngarumah tangga ku kang maman salakina
Ayeuna
enggeus teu araya lunta bari ngaaarumbara
Atuh
kang midun kacida reuwaseunana ,sabab teu kjeueung kieu make lagu papatet,
Duh
kudu kumaha
pibakaleunnana
Bari
ngarumpuyuk tanpa pangawasa midun nyaritta
Nya
abdi kudu kumaha
Cenah
eneng rek satia
Nungguan
abdi usaha
Di tembal ku indungna make lagam sawer
Saur
si eneng ge kitu
Anjeuna
seja ngantosan ,ka kang midun nu janjian
Mulang
ti pangumbaraan
Terus
kang maman nyanggupan
Sangkan
mere kaputusan,
Ahirna
si eneng daek
Narima
lamarannana
Sabab
nincak geus umurna
Waktuna
ngarumah tangga
Nya
ema teu bisa kumaha
Kapaksa
kudu narima.
Di jawab ku kaang midun
make lagam papatet
Duh kudu kumaha
Nya abdi kudu kumaha
Ka neng santi abdi suka
Ka nyaah geus sagemblengna
Di tembal ku babaturan nan make lagu kantun
jujuluk nu arum.
Kang
midun wayahna sabar
Da
abdi ge ngiring sedih
Kang
midun wayahna sabar
Kana
takdir na ilahi
Uraang
memang keur di uji
Di
uji ku rupi rupi
Sangkan
sabar jeung tawekal
Nampi
kana takdir gusti.
Nya
kang midun ahirna manehna sadar kana takdir nu tumiba kadirina
Nya
sok sanajan bari sedih ahirna midun cacarita
Make
lagam sawer.
Teu
sawios atuh ema
Abdi
tangtos tumarima
Kana
takdir nu kawasa
Ka abdi anu tumiba
Pangapunten
atuh ema abdi seja pamit heula.
Di jawab ku indungn neng santi make lagam
panutup sekar duaan
Ulah pegat pangharepan duh jang midun anu
kasep
Anjeun ulah leutik hate
Istri
lain ukur hiji
Masing
sabar yeuh anaking
Pamugi
jadi pepeling
nya ahirna sadar sorangan ,baaari,ngagerentes
na jero hatena,
duh
bener pisan ceuk pamikiran babaturan tong bungah teuing cnah
antukna
nya kieu jadina,beu cilaka tapi leuwih cilaka lamun kuring teu tumarima
bari
nyarita kababaturanan midun estu lir ibarat mamatahan kana dirina
‘’ duh geing bener pisan yi
‘’ Paingan kasauran para kiai
‘’
aari hirup teh ujian
‘’Naon
sababna di sebut ujian
‘’ku
sabab hirup urang tetela gues kawengku
‘’ku
dzat tur irodatna nu maha kawasa
‘’nya
bagian di sebutna
‘’boh
hade boh goreng
‘’boh
amis boh pait
‘’tinangtu
bakal karandapan tur kasorang ku urang
‘’nya
ieu tinangtu gumantung ka urang nu
narimana
‘’sabar
atawa sabalikna
‘’syukur
atawa kupur
‘’kukituna.taya
paeadahna
‘mun
urang teu narima ku kasadaran
‘kasabaran
sarta iman kamantena
‘’hampura
yi lamun akang loba kasalahan ka ayi
‘’akang
kakara sadar matak ieu kajadian
‘’tepi
katumiba kadiri akang aaayeuna
‘ieu
tinangtu akibat lobana kasalan akang ka papada jalma
Nya
antukna babaturan midun oge karasa sedih sarta pok nyarita kalawan dumareda
Duh
akang,tong nyarios kitu
Kumargi
ari kasalahan mah eta memang pitrahna manusa
Anu
moal luput tina bodo salah jeung balangah,
Tapi
,nu maha kawasa moal weleh weleh
Mukakeun
lawang pangampura
Satung
tung urang sadar pikkeun tobat ka anjeuna
Yu urang sami sami,,urang ngadeukeutkeun diri kamantena
Ku
margi ngan ku ridho ti mantena urang sadaya baris
Pinanggih
jeung pangampura tina sagala dosa dosa urang sadaya
Pamugi
ieu kajantenan sing janten panggeuing pikeun abdi oge akang
Sarta
pamugi, urang pada pada pinanggih sinareng hikmah dibalik ieu kajantenannana
Amin
ya robbal allamiin
Amiin
,saur kang Midun nutup paguneeman nana,, bari di barung ku rasa nalangsa midun
kairing ku babturannana , anu ngumpul ngariung sarta, kabeh sasalaman kalayan pinuh ku kareueus , mungkas
lumangsung na ieu carita ,,, “haturnuhun, Tamaat
,
Panutup kairing ,lagu
pileuleuyan
e