Minggu, 25 Juni 2017

Mekarkeun Kapribadian

Mekarkeun ka pribadian
Dina sababaraha sajarah geus kanyahaoan yen sukses hirup nu pangnarikna mah kapimilik ku jalma jalma nu mampuh ngungkulan halangan halangan dina kahirupanana,contona yu urang pedar wae salah sahij pangalaman nu pernah kaalaman ku salah sahiji ahli biola nu kamansur nu namina ''Ole Bull, dina waktu anjeuna keur meujeuhna kasohor ,harita teh manehna keur konsert di Paris,teu puguh puguh kawat biola pegat salah sahiji kawatna ,tapi manena teu gugup sarta terus wae manehna ngarobah komposisi laguna tug nepi katamatna.Tah kitu kaahirupan urang oge lamun urang kaleungitan kamampuan atawa luang dina jalan kahirupann urang ,urang teu kudu leutik hate atawa pondok pangharepan tapi urang  kudu bisa neruskeun jalan kahirupan urang ku luang jeung kamampuan anu aya tur anu panghadena.
Tujuan kudu eces
Sagala cita cita teh kudu eces sarta kudu di usahakeun sangkan musat atawa muser kana hiji tujuan .Lolobana jalma anu gagal mekarkeun kapribadianana kusabab maranehna nganggap yen hirup teh hiji hal nu bakal kapanggih lain hal nukudu di ciptakeun.Anu sabenerna kapangihna kuaurang mah ngan ukur kaayaannana wungkul ,sedengkeun urusan nu pangpentingna mah nyaeta muserkeun ka ayaan nu tadi tea kana hiji tujuan nu kuurang geus di tetepkeun.Ngarah leuwih jentre yu urang pedar wae salah sahiji conto nu karandapan ku William Wilberforce,manehna teh salila 20 taun salawasna kudu di talingakeun dokter kulantaran kasehatannana nu teu hade ,cenah manehna teh kudu salawasna nginum opium ,Tapi sok sanajan dina kaayaan anu jiga kitu manehna geus bisa ngaleungitkeun perdagangan budak di Inggris.Hirupna nu tunggara ngajadikeun jiwana leuwih sensitif tetela manehna geus bisa mikawelas mikaasih nu taya kendatna ka jalma jalma anu ka talangsara ,Beda pisan jeung kaayaan jeung pasipatan anu sararehat kadang teu mampuh ngabogaan rasa simpati jiga kitu.
Imajinasi
Pikeun mekarkeun kapribadian teh tetela mikabutuh daya khayal atawa imajinasi ,sabab kahirupan anu luhur biasana sok di mimitian heula ku hijji gambaran nu di bayangkeun ku urang,nya dina ieu gambaran urang kudu bisa ngabayangkeun heula rek jadi naon diri urang teh ,kukituna yu urang tengetan geura riwayat hirup salah saurang panyajak anu ngaranna  Jhon Keats.Manehna teh nyaeta salah saurang nu geus yaatim piatu ti keur budak keneh pisan di tambah deui ku kahirupanana nu kacida miskina ,jeung dina panglaman cintana manehna mindeng pisan ngalaman kakuciwaan ,atuh dina karirna oge teu eureun eureun di poyok ku kaumm kritikus.Tapi sok sanajan dina kahirupan nu berat jeung tunggara jiga kitu manehna teu serah bongkokan kana kanyataan .hal sarupa kitu teh sangeus  manehna maca buku sajarah kahirupannana ''Faerie Queene"karangan spenser,,hiji carita nu geus bisa ngagugah sumanget pikeun dirina ,,tah kitu nu matak urang oge sakuduna resep maca buku sangkan menang motifasi diri anu ka lintang berhargana.Manehna tetep muserkeun kana hiji tujuan nu geus di teetpkeun tea ''Pok na teh Kuring geus ngarasa yen kuring teh bakal jadi hiji panyajak nu boga tempat diantara panyajak panyajak inggris sejenna .Tah gambaran sarupa kitu teh ku manehna terus di bayangkeun make daya khayalna ,antukna manehna bisa ngahontal cita citana.
Bayangkeun geura urang teh jadi jalma anu elehan ,antukna bakal karandapan jiga kitu ,sabalikna bayangkeun yen urang teh hiji jalma anu salawasna aya dina kaunggulan ,antukna nu karandapan ku urang teh pasti hiji kasuksesan.Coba deui urang teu ngabayangkeun naon naon ti nangtu urang oge salalawasna moal meunang naon naon.
Akal sehat
Tangtu bae mun urang ngabayangkeun hiji tujuan teh kudu make akal sehat ,anu hartina lain ngan saukur ngalamun atawa ngahayal tapi saestuna eta daya hayal urang teh kudu gelar tina akal sehat .Tetela geuning dina kanyataannana rea pisan jalma anu samemeh kana tujuan hirupna teh kudu nandangan atawa ngaliwatan heula rupa rupa jalan kahirupan anu jadi pilihanana, Saterusna jalan anu geus kasorangna bakal jadi hiji elmu tur pangalaman pikeun musatkeun kana hiji tujuan anu di cita citakeunnana
Kukituna eces pisan urang teh kudu make akal sehat dina ngawujudkeun daya khayal teh .jeung kudu boga kayakinan sangkan teu kaumbang ambing ku kaayaan lingkungan.
Wawanen
Kapribadian sajatimah salawasna boga kapercayaan kana dirina ,anu engkena bakal ngagelarkeun wawanen .Lamun urang paercaya kana kamampuan urang di widang musik tinangtu urang bakal jadi pemusik nu kasohor.Tah kitu daya khayal ,wawanen anu di gelarkeun tina akal sehat bakal jadi hiji tanaga kreatif anu teu gaplah ,anu tinngtu bakal mere hasil anu gede ka diri urang .Kukituna kapribadian teh penting pisan ka pimilik ku diri urang sarta kudu di mekarkeun samekar mekarna
Bandung 15 Maret 2017
Penulis wilman Junda Juanda S.E.
Bahan tulisan ''Getting the most out of life .
Nurwana Nurul Iman Bekerjasama dengan HKI ( Hak Kekayaan Intelektual Indonesia ) Melayani Pembuatan Hak Patent ,Merk,Hak Cipta ,Badan Hukum  Dll
Nurwana Nurul Iman Bekerjasama dengan DNI ( Duta Network Indonesia ) Melayani Keagenan Pulsa Seluruh Indonesia
Nurwana Nurul Iman : Melayani Tasyakuran Aqikah Sesuai Syariat
Nurwana Nurul Iman : Melayani Belajar Taranum secara vrifat dengan baik dan benar
Alamat :Kp Pasir Salam rt 05 rw 06 ,Desa Wargaluyu,Kec Arjasari .Kab Bandung
Hp :081555992221

Kematian

Kematian
Cipt ''Wilman Indra Juanda SE.
Laksana tertusuk ribuan pedang tajam menyelimutiku di pembaringan
Sejuta rasa sesalpun datang tatkala pintu pengampuan tertutup tanfa alasan
Seberapa banyakah dosa terbuai dalam anganku yang terkapar
Menemaniku disaat rasa sakit datang menghujam
Sakit ,....haus,....lapar menyiksa jasad lahirku yang terkapar
Sabar ,... sabar suara samar terkadang datang tuk mengingatkan
Terbukalah pintu kematian
Selamat tinggal wahai jasad lahirku yang terkapar
Teman setia yang menemaniku disaat haus dan lapar
Selamat jalan wahai nurani yang tulus suci
Temuilah kedamaian dialam yang tak pernah ku temui
Nadi terhenti nurani pergi ,,menuju alam damai abadi
Yang tak  pernah tersirat di dunia nan fana ini
Berbaringlah aku di dalam kubur dengan badan berbalutkan kain kafan
Berbantalkan tanah dan kegelapan
Dalam kesendirian kunantikan peradilan
Tiadalah cinta cita dan harapan
Selain doa yang kunantikan dari hati yang penuh cinta dan ketulusan

Kemarahan Dewa Sang Kegelapan

Kemarahan Dewa Sang Kegelapan
             Cipt. Wilman Indra Juanda SE.
Jika aturan sudah di hilangkan
Dan Jalan kesesatan sudah di bukakan
Jika Al qur an sudah di ragukan
Dan jalan kebenaran sudah di raagukan
       Maka ,....maka kita sudah terlempar dan tersesatkan
        Lihat dan lihat lah dikala sang surya terbit di ufuk timur
         Seluruh manusia menyambutnya dengan langkah serakah
 Apa yang kita lihat ,,,,
Apa yang kita lihat
Kalau bukan kesenangan duniawi yang hanya
Memberi kesenangan sesaat saja
     Dengar ,.dengar lah
     Siul burung kepondang yang hinggap di pohon turi di pagi hari
     Mereka sudah bernyanyi ,..melainkan memaki
Bercerminlah wahai manusia
Ya,,tuhan ,...mengapa aku seperti ular naga
Aku ,.seperti ular naga yang keluar dari gua ,..gua tuk menerkam mangsanya.,...
Taubahnya aku seperti mahluk tuhan yang menakutkan
Ya Tuhan ,.. ini bukan kutukan
Melainkan sebuah pertanda agar kita kembali kepada fitrahnya
Sebagai manusia
Di balik rasa  emggan gelisah dan keinginan aku berjalan
Mencari setitik kedamaian yang tersimpan di ujung langkah yang kelelahan
Di tengah padang yang kegelapan,ku rundukan bersinarnya secercah cahaya terang
Dan di bumi ini kini aku berpijak,menerobos lorong waktu yang masih tersirat
Dalam genggaman tangan ini ia terdiam
Lihat dan lihatlah kini alampun tak bersahabat
Inilah sumpah serapah kita yang tak pernah bertobat


                                   Bandung 1 Maret 2017.


     

Dongeng saliwat

"Keketeg  Jantung "Karangan. Wilman Indra Juanda SE.
Meletekna panon poe ti belah wetan geus mimiti nyaangan sabudeureun alam,hiji sepuh tengah tuwuh tonggoy ngalenghoy lir macan teunangan muru hiji lengkob pasawahan seja nganggeuskeun hanca garapan singraykeuneun poe isukan,na tatakna teu weleh nyampay hiji pacul nu satia milu marengan,...Cing mulus banglus ,,kahayang mah ,,tapi teing kumaha jadina ieu pare teh,....ah lahaola we,,,,,..Aki Mursid ngomong ka sagumpluk pare nu keur sumedeng beukah,teu beda ti kawas ngomong jeung jalma anu bisa ngarti kana naon nu di ucapkeunnana.....kecruk manehna mancongkeun paculna kana kamalir cai solokan nu bras kana sawah garapanana,....teing geus sabaraha kuruling Aki Mursid nengetan pare hasil tina luaat leet kesangna mangsa anjeuna keur ngeureuyeuh macul dina mangsa metemeyan ngabuka tanah lengkob jadi hiji pasawahan anu sakitu alusna.Keur anteng memener solokan cai, ngong adzan lohor kadenge mere tanggara yen waktu sholat lohor geus nincak dina waktuna,,,,Allohuakbar,,,,bener teu karasa gening waktu teh geus lohor deui,,,,Aki Mursid ,seregep pisan ngadenge sora adzan teh memang kitu kabiasaannana Aki Mursid hiji sepuh nu kukadidik ku atikan da puguh anjeuna teh salah sahiji jalma jebolan pasantrenan kitu lalakon hirup dina mangsa keur ngorana nu tara leupas bubuara geusan ngamalkeun elmu tur nyiar pangalaman pikeun pibekeleun jaga dina mangsa geus kolotna dina mangsa tanaga jeung kamampuan dirina ngurangan ka gereyem ku waktu nu saseget saseget ngagayem jiwana nganteur mulang ka mantenna ,waktu nu ngagayem kulit jadi kariput,waktu nu ngarobah sagala jalan kahirupannana ti mangsa ka mangsa. , sok sanajan ukur jadi hiji panyawah nu alakadarna tapi hirupna teu weleh tremtrem ayem tur tumarima kana nikmat pangeran nu geus dibikeun ka manehna,,....lengkud lengkud manehna muru pancuran cai nu kacida herang tur beresih caina terus Aki Mursid wudhu kalawan anca tartib pisan tara pisan rurusuhan kitu memang sakuduna,pacul nu geus menang meresihan sakalian ku manehna di ampihan ka handapeun tajug atawa musola leutik sisi pasawahan milik manehna ,di jieun ku manehna eta tajug teh sok sanajan ku bahan anu sederhana tapi merenah matak betah pikeun saha wae nu di kersakeun pikeun hayang milu shalat didinya.Asallamualaikum ,,,,Aki Mursid ,,,uluk salam samemeh manehna asup ka tajugna jiga pisan manehna uluksalam ka papada jalma ,kitu memang geus ilahar tur geus biasana,....Sajadah anu bersih tur kaambeu seungit minyak wangi teh di amparkeun,.....Dina amparan sajadah Aki Mursid Nangtung kalawan tumaninah pisan saterusna nya manehna ngalaksanakeun kawajibannana nyaeta nohonan sholat lima waktu salah sahiji kawajiban umat Islam anu turut tur anut kana ajaran mantena Rosululloh Saw.
Angin leutik ngahiliwir nebak dangdaunan nu cing aroyag ,hawa seger nyaluksuk kasumsum balung nyaliara kana sakijur awakna hiji sepuh tengah tuwuh nu geus bener bener taat tumut ka Pangeran kawengku ku elmu tur pangalaman nu nuwuhkeun hiji kayakinan nu panceg istiqomah teu unggut kalinduan jeung teu gedag kaanginan,,,Hidayah nu teu weleh ngucur lir cai pancuran nu ngerelek taya kendatna milu maseuhan pepelakan naon wae nu di tancebkeunnana,,,,kitu deui nancebna kalimah toyibah ''Laaillahaillalloh ,Muhammadarosululloh bener bener geus di pasek ku Lam Mim,dua kalimah sahadat nu geus di ucapkeunana, saban waktu bareng jeung keketeg jantung dina jeroning dadana roh nu suci nu ngancik dina ati sanubarina teu weleh ngalalana ka sumsum balung nyaliara ka sakujur badanna mukakeun lawang lawang kapetengan nu aya dina dirina
Leres pisan kasauran para Kiyayi leres pisan kasauran para ulama hirup jalma tetela geus ka wengku ku dzat jeung irodatna jalan kahirupan nu nanjak tarahal mere tanggara yen hirup teh ukur ujian sangkan Takwa ka mantena tapi mungguh manusa nu tara leupas tina poho ,salah ,balangah ,nu nu ngakibatkeun ti soledat kana laku lampah nu ngajadikeun dosa tapi keun bae da Allah Swt tetela maha jembar pangampura ka singsaha nu hayang tobat , balik deui ka jalan nu di piridho ku mantena ,mun can nyaho pasti ngaco,mun geus ngaco pasti ngaca, mun geus ngaca pasti ngaci ,ngaji kana diri pikeun nyiar ridho gusti sangkan mulang keuna kana lafazna ,,Innalillahi,....
  Diji saung ranggon anu jarugjug jangkung juru pasawahan nu keur sumedeng beukah  hiji jajaka kasampak keur anteng ngumbar lamunan jiga aya nu dipikiran saha deui atuh mun lain jang Maman hiji jajaka nu gandang malum keur tumuwuh rasa cinta nu kacida gedena ka hiji mojang lenjang nu sumeah tur ramah tamah saha deui atuh mun lain neng Santi pupujaning atina.Bareng jeung angin leutik nu ngahiliwir napas nyelek natungtung biwir kahayang mah manehna teh ngapung ngawang ngawang sangkan bisa ngudag kahayang lamunan tapi tetep ngangkleung di awang awang ngambang,,,,..Duh kudu kumaha mapalerkeun ieu hate bet teu bisa pisan di pepende ,,,,rasa nalangsa taya pisan nu mirosea ,sakapeng hate silem kadasar sagara ,,,,karasa manusa geuning teu wala kaya sok sanajan rasa cinta ngagebur ,ngentab ngentab ,seseleket taya eureunna ,..duh kudu kumaha gusti,,,,,,pasihan abdi kakiatan kana cocobi ,,,pamugi ulah jadi abdi leupas tina jati diri,,,,,ceuk manehna ngagerentes jeroeun eusi hatena
Saterusna nya manehna menekung semu bingung ,bingung nu teu manggih tungtung ngarasakeun jogolna antara kahayang jeung kanyataan jadi dacin jeung timbangan dina pamikiran kana lampah nu bakal kasorang,tur kudu di lakonan,,Panon poe geus mimiti reupreupan geusan mulang di pirig ku sora sasatoan ,sato peuting nu patembalan ,jang Maman oge maksakeun ngalengkahkeun sukuna geusan balik ka imahna bari mawa hate nu ngambang pinuh ku rasa salempang ,ras inget ka rasa cintana ka neng Santi sok sieun teu ti nekanan.  
Leungit caang   ganti ku mangsa reup -reupen  patamorgana alam dunya geus mimiti robah semu haleuheum sieum teu beda jeung kaayaan hatena jang Maman nu keur alum nguyung rasa cinta gumulung jeung cita cita tur harepanana lamun tea mah bisa tinekanan
     Dihiji lembur nu nenggang sisi pasawahan nu hejo ngemploh ti kajauhan ketingali hiji wanoja nu keur soson seja nohonan kawajibanana nu saban poe geus di lakonan saha deui atuh lamun lain neng Santi anu harita kakarek ngahonor jadi guru sakola di salah sahiji sakola SD nu aya di lembur eta.Saragam batik anu rapih meurenah pisan di pake ku salah sahiji guru SD anu munggaran seja ngabdi kana kawajiban.Sangeus siap siap kalawan tertib pisan Neng Santi uluk salam ka indung bapana seja miang nedunan kawajibannana ngawuruk barudak sakola kitu memang geus biasana ,..Assalamualaikum ,,,,maa,.....bapa,..abdi angkat nya,,,,,,, kitu saurna teh,,,,,Waalaikumsallam Wr,..Wb,... Indungna jeung bapana neng Santi ngajawab bari nguruyung ti dapur imahna ,,,,,kade teu aya nu kakantun neng,.....teu aya ma,,,,saur neng Santi ngawaler pananya indungna,.... nya sok atuh ,,,,,ati ati,,,di jalanna,,,,,,,muhun ma,....piduana we,...... saur neng Santi bare teu talangke deui manehna ngalengkahkeun sukuna salengkah ,...salengkah beuki ngajauhan imah katut lemburna kitu deui nu jadi indungna neuteup teu lepas tepi ka nu jadi budak leungit tina kongkolak panonna waktu harita ,les bae neng santi leungit tina panenjona teu katingali saking ku jauhna,indungna terus bae asup deui kajero imahna seja neang seuneu nu titatadi di tinggalkeunnana.
  Panon poe nu moleret panas nyengkab ka sakijur badan jasadna sakabeh manusa ,kekebul jalan geus mimiti marulek katebak angin katiga mere tanggara yen usum halodo keur meujeuhna pisan tarikna ,haseup bodas pauntuy untuy hayang nutupan cahaya panon poe sok sanajan ngan sawatara mere tanggara yen nu maha kawasa tetep miwelas miasih ka sakabeh manusa sok sanajan manusa loba teu tumarima ,Teng ,... teng sora lonceng kadenge mere tanda geus waktu mulang  geus nincak dina waktuna geusan teruskeuneun poe isukan,barudak mudal jiga siraru nu ngaburial tina liangna ,kitu deui neng Santi anjeuna ge sarua pada meresan sakabeh palengkepan alat ngajar katut buku buku palajaran kana jero kantongna tarapti pisan tara rusuh jiga barudak nu geus teu kuat hayang geura balik da teu kuat ku rasa lapar dina beuteungna ,sanggeus uluk salam ka sakabeh guru guru sejenna ahirna Neng Santi oge ngeureuyeuh balik mapay jalan gede nu ngembat panjang di baturanku hiji payung anu satia milu marengan ,rasa cape nu gumulung jeung  mulekna kekebul jalan nguji pikeun manusa sangkan leuwih nambahan rasa takwana ku sabaran ,kitu deui nu kualaman ku neng Santi dina ieu poe sok sanajan jauh tapi geus teu karasa ripuh da puguh kadidik ku elmu tur didikan mental sapanjang manehna nyiar elmu dina waktu waktu katukang saacan manehna ka papancenan pikeun ngajar,salengkah salengkah ahirna tepi oge kana tujuan ,bareng jeung datangna indung neng Santi nu angkaribung ku babawaan malum ,hiji kolot anu loba rempan ku sagala kakurangan ,mun mulang ti kebon tara noleh kana hese jeung rumpil na jalan anu nanjak tarahal ,sapanjang masih bisa pikeun nyepengan sagala nu ka panggih sok hayang bisa di bawaan ,suluh dina aisan,bedog di giwing teu di carangkaan ,kitu deui leungeun kencana masih keneh bisa babawaan ku kadaharan sarupaning beubeutian.Neng Santi surti pisan sok  sanajan cape na kacida balas leumpang nu sakitu jauhna tapi manehna teu tega ningali indungna nu datang ti kebon bari sakitu angkaribungna geuwat wae manehna muru indungna rek mantuan jeung pangwakeun babawaanana,sanggeus kitu kakara manehna asup ka imah bari sakalian rek ganti baju saragam ngajarna.
           Kekebul jalan nu teu weleh rabul ka tebak angin ka tiga bareng jeung mulekna naon nu aya dina utekna manusa surup pisan jeung gumullungna pipikiranna jang Maman nu teu weleh marudah mikiran hiji mojang lenjang nu tacan manggih jalan pikeun narekahannana,duh,...gusti pamugi masihan kakiatan ka jisim abdi tina ieu cocobi,..... jang Maman sasambat ,,,,geusan nentremkeun hatena nu sakapeung angenna ratug tutunggulan balas nahan rasa kagembang,nguyung gandrung hayang tepung ,hayang pisan geura ka bandang ti saprak papanggih reujeung neng Santi dina mangsa katukang tukang ,emutna teu weleh ngunguntit dina lamunanna jang Maman tapi nya dalah di kumaha atuh jang Maman oge sadar kana kaayaan dirina nu ngawates antara kahayang jeung kamapuanana,ti poe ka poe ti minggu ka minggu ,ti bulan kabulan ,mulan malen lajuna waktu bareng jeung keketeg jantung dina dadana ,antukna nya datang bulan anu kacida mokahana bulan naon atuh mun lain bulan Puasa hiji bulan anu kacida pisan dianti antina ku sakumna umat Islam nu masih turut tumut kamantena Allah Swt.Geus biasana di lembur mun datangna bulan Puasa sok sagala kagiatan di aya aya pangpangna nu aya pakuat pakaitna jeung kagiatan agama,kitu deui nu kalaman ku Neng Santi nu di peredih ku barudak dididikanana di sakola sangkan nambahan kagiatan kaagamaan ku cara ngawulang di mesjid mesjid pikeun muka sanlat cenah atawa pasantren kilat kitu memang geus ilahar turta biasana,kitu deui Jang Maman oge sarua bareng jeung kabeh babaturan anu saantraganana ngahaja sarua rek muka kagiatan ka agamaan nu aya di lemburna atuh  kaayaan di lembur jadi rame batan tisasari ,haneuteun teu silihna unggal mesjid teu weleh pinuh ku kagiatan kaagamaanana barudak ngabring pada mawa buku pelajaran baca Qur,an sewang sewangan ,aya oge nu mawa buku hadist, tafsir Al 'Qur an ,sajarah para nabi jeung sajabana,mun geus waktu mangsa salat taraweh , mesjid pinuh mudal teupi kaluar mesjid teu kawadahan saking loba jalma nu pada hayang ngalaksankeun tarawehan,kitu deui Jang Maman harita geus saged make baju takwa anu sarwa seungit persis jiga ustad ternama nu geus kakoncara kitu memang sakuduna ,Neng Santi oge komo salaku salah sahiji guru agama nu kacida di perhaatikeunana ku balarea tinangtu kudu leuwih soson ulah tepi kajadi omong .
Di hiji mesjid mesjid nu pinuh teu katara mun tea mah rek silih perhatikeun diantara jalma jalma nu saling pikaresep antara nu sejena kitu deui nu ka alaman ku Jang Maman anu ngahaja maling maling panenjona kasakabeh jemaah nu aya didinya khususna mah pihak awewe na hatena teu weleh panasaran sugan jeung sugan bae Neng Santi nu jadi pupujaning atina kabireungeuhan aya sarta bisa katingali sok sanajan ukur kali kali,ret,...ret,,,, panon jang Maman nitenan hiji hiji wanoja nu keur budal di tempat solatna nu misah di sagedengeun tempat solatna di halangan ku hordeng nu jangkungna mapakan kana sakabeh jamaah awewe nu keur salat jamaah didinya ,hatena na ratug tutunggulan barang ningali hiji mojang nu keur di incer ku dirina saha deui atuh mun lain neng Santi nu harita keur ngabring bareng jeung sakabeh wanoja nu sejenna tapi neng Santi sauetik oge teu ngarasa mun sapasang panon neuteup kadirina,neng Santi hare hare we bari terus muru ka imahna bareng jeung nu sejenna.
Asa ci keneh pisan bulan puasa teh datang teu karasa geus sabulan gening geus kalakonan ,sora dulag patembalan bareng jeung seahna sora takbiran mere tanggara yen poe lebaran datang poe isukan ,rupa rupa kaolahan di aya ayakeun pikeun nyuguhan semah nu teu kudu di ondang nu tinangtu baris pada datang pikeun silih tepungan nepungkeun deui duduluran ,di pasar rame nu balanja meuweuh ,nu dagang beuki sibuk ngungkulan pasoalan sewang sewangan ,kitu deui Neng Santi nu harita geus tatahar nyadiakeun sagala kaolahan rupa rupa ,kueh ,ranginang ,opak ,limun ,jeung lianna deui geus sayogi di jero lomari tengah imah sangkan babari nyokot mun isukan loba kadatangan semah.
Tangkal kalapa jadi sasaran para pamuda nu resep nyieun kupat ,ampir kabeh tangkal kalapa di tarekahan di arala daun nu masih ngorana sok sanajan tangkalna jalukjug jangkung kacida.kitu deui Jang Maman sarua pada pipilueun ngala sakadada kadugana ngala daun kalapa da rek ngahaja dagang kupat dina malemanana.Allohuakbar ,...Allohuakbar,.... Allohhuakbar,....laaillahaillallohhualloh hu akbar ,Allohuakbar walillahilham,....gema takbir ngahudang rasa pikeun nambahan rasa syukur ka pangeran ,ratug angen jeung jajantung mere totonden yen masih ayana iman dina sajoreun dadana sakabeh umat Islam waktu harita,di lapang anu lega lugina sakabeh jalma ngalaksanakeun salat Idul fitri kacida hidmatna kitu memang sakuduna dilaksanakeun kalawan tertib pisan katingalina,sanggeus solat Idul Fitri kabehanana pada mulang deui ka imahna sewang sewangan kituna teh sanggeus sakabeh jamaah pada sasalaman ,Jang Maman ngahaja balik rada rurusuhan rek menta hampura ka indung bapana sanggeus kitu manehna ngahaja silaturahmi ka babaturanana nu imahna teu jauh ti imahna neng Santi nu jadi panutanana...ngan ku cara kitu hiji hijina jalan pikeun tepung jeung manehna kitu ceuk pamikiranana jang Maman waktu harita.Hatemah  teu bisa di bohongan kitu cenah ceuk paribasa sarua pisan jeung naon nu ka alaman ku jang Maman waktu harita firasat na meneran pisan waktu manehna silaturahmi ka babaturanana ka sampak neng Santi oge keur aya di eta imah babaturanana ngahaja datang ka imah babaturan jang Maman seja silaturahmi ka batur salemburna,kitu memang sakuduna.Jang Maman sok sanajan kacida erana da puguh kapiheulaan ku perasaan anu tagiwur antara rasa bungah ,rasa resep,rasa cinta nu gumulung minuhan eusining hatena ahirna manehna maksakeun ngasongkeun leungeunna kitu deui neng Santi kapaksa sarua pada ngasongkeun kadua leungeunna memang kitu sakuduna ,bari imut ngagelenyu mungguh matak ngirut ka lalaki komo deui nu keur nu meujeuh birahi cocok pisan lamun keuna ka jang Maman mungguh matak dag dig dug teu puguh rasakeuneunana,belengeh jang Maman seuri males imut nu geulis kahayangna mah manehna nyepeng pageuh leungeunna neng Santi nu lemes kacida karasa ku jang Maman mah ,,,keketeg jantung beuki ngajadi kitu deui nu karasa ku Neng Santi waktu harita tetela maranehna boga rasa nu sarua sok sanajan antara manehna jarang pisan panggihna .tamat



         
Bandung 8 Afril 2017
Penulis .Wilman Indra Juanda SE.

Hirup

Hirup
Hirup teh ngandung harti maju atawa robah
Contona sok sanajan pepelakan teu bisa pindah tempat atawa cicing di tempatna
Tapi eta pepelakan teh di sebut hirup lamun kaayaanana jadi robah jadi ngagedean atawa ngajangkungan
Hirup ngandung harti teu baku atawa teu ka paku ki hiji katangtuan
Tah kitu oge kahirupan urang geus tangtu pinanggih robah bareng jeung waktu anu terus maju detik demi detik,jadi sa jam , ti jam ka jam jadi poe ,ti poe ka poe jadi minggu terus jadi bulan jadi taun
Hirup teh bisa oge ngandung harti di pake
Contona pulpen anu di pake bakal mawa parobahan boh kana tintana atawa mangsina oge kana naon di pake tulisanana ,pasti bakal mawa parobahan
kitu oge kahirupan urang salak manusa geus tangtu bakal pinanggih jeung parobahan parobahan anu mangaruhan kana jasmani jeun rohani boh hade boh goreng
Kukituna lamun urang geus ngarti kana naon hartina hirup tinangtu urang kudu waspada kana parobahan parobahan nu bakal tumiba ,,sabab eta mangrupakeun anu geus ilahar kajadianana
Nu paling poko mah urang kudu salawasna waspada sangkan parobahan parobahan anu tumiba teh ngajadikeun hji kahadean pikeun dirina ,nyaeta salamet tina parobahan parobahan nu gunta ganti kaayaannana
Hirup teh lain masalah berat atawa hampang na pasoalann hirup nu ku urang ka tarima tapi hirup memang hiji pasoalan nu kudu di tarima atawa di singhareupan sakumaha mistina atawa sakadaga sakakduga.

Jatidiri

Jati Diri
Cpit .Wilman Indra Juanda. SE
Tiadalah keyakinan yang tersimpan dalam jiwa
Tiadalah kenyamanan yang selama ini terdiam  di lorong hati ini
Tiadalah guna badan dan jasad diri ini
Tiadalah cita ,cinta ,harapan yang menjadi sandaran lagi
Ketika jiwa terbelenggu dan terkelabui napsu
Hilanglah lah sudah cerita dan jejak langkahku
Yang ku jaga dalam ayunan nada dan detak yang tersembunyi di dalam dadaku
Wahai jiwa ,...hadirlah temui aku,..
Maapkanlah aku yang tak pernah lagi peduli
Maapkan aku yang tak pernah mau peduli
Engkau adalah sebagian dari aku
Engkau adalah arus kehidupan yang mengalir di jiwaku
Merasuklah kedalam sumsum dan balungku
Menyatulah dalam jiwa ,badan dan jasad lahirku
Meraga sukma seiring detak nadi dalam jantungku




Di laut Kidul

            Laut Kidul
                    Cipt.Wilman Indra Juanda Se.
Biru laut nu upluk aplak
Ka sela ombak nu pating siriwik
Pating rariak,tingcarelak
Kasilir angin nuleutik
Matak betah ayem tremtrem
  Tapi mun keur rajeun motah
  Ombakna ngadadak galak
  Nembag karang malik nangtang
  Ngajak tarung perang tanding
  Meupeus keuyang ,mungguh rungsing
  Nepak dada ieu aing
 Sorana nu handaruan
 Cing gegeler patembalan
 Rongkah taya nu mapakan
Ganti mangsa lain carita
Ombak laut jadi sirna ,ngenclong hejo semu biru
Kadongdom para wisata
Langit cekas ,hegar bengras
Matak betah ngawawaas
Wening ngahenang ngahening
Mutuh matak betah cicing
Pangpangna keur urang asing
Endah estu matak betah
Najan geus miang tetep kaciri
Lir putri sugih panyari
Waris mukti ti ajali
Kitu kaagungan tur kabeungharan gusti

                        Banten 3 maret 2017
 Penulis Wilman Indra Juanda SE.




 

Di hiji leuweung geledegan

Di hiji leuweung geledegan
Cipt. Wilman Indra Juanda
Aya tulang nyangsang 'na dahan
Deudeuh sesa raga arucutan
Di hiji leweung geledegan
LIr langlayangan nu teu karucuk teu karucu
Tangkorekna di ranggeum areuy
Topi waja jadi bangkarak nadahan saban datangna cihujan
Bedil ,sekin ngarumpuyuku lumpuh
Disasarap heumeus beueus,deudeh
Di rurub hujan kalakay
Pangkatna katut tanda tandana mo kapapay
Moal aya nu nyalawatan
Tan kulawaraga jeung panutan
Di hiji leuweung geledegan
Kamana pasukan tambur
Nu ilaharna jajap ka alam kubur
Di pirig rampak  sora tembak tempur peperangan
Tembakan rasa bela sungkawa jeung kahormatan
Di hiji leuweung geledegan
Ilang sirna tanpa raratan

Kalangkang budah

          Kalangkang budah
                            Cipt Wilman Indra Juanda SE
Cai ombak nu ngagolak mudah
Milu marengan eusining hate nu sarwa marudah
Angin puyuh ngagelebug  pada datang teuing ti mana
Guludug pating beledag nyamberan budah omabak sagara rasa
Bulan ngorejat kabetak sora saking tarikna
Alam beuki genjlong lir lini datang sasari
Hiji jalma ngabedega nahan kuciwa
Amarah na meh mudal henteu katadah
Susumbarna mapakan sora  ombak nu  pinuh ngaguruh
Beledag sora gelap nempas deukeut pisan lebah ceulina
Gajleng manehna luncat kana umpalan cai
Haram jadah siah,,, ...
Ceuk manehna meupeus keuyang kana sakersaning alam
Reup mangsa lengit di tilepan waktu
Teu malire kana hiji hate nu teuas na batan batu
Ngan waktu nu bakal ngagayem jiwana
Saseget saseget pating seleket
Waktu nu meureut kulit jadi kariput
Waktu nu baris mampuh ngelehkeun hate tur jiwa manehna
Ahirna manehna ngoleab kabawa ku budah laut
Ka sagara tempat ngamuara sagala kokotor dunya
Langit jempling ,laut jempling
Tangkal kalapa ngajanteng jadi saksina
Lumangsungna hiji tragedi nu teu mustahil bisa ngajadi
Halimun geus ngagarayot minuhan sarupaning dangdaunan
Hawar hawar sora sato peting geus mimiti nyalaring
Panonpoe ngerelep ka dasar sagara
Mere tanggara sangkan eling kana kamurahanana
Tapi manusa ,,weleh teu tumarima

   Banten 11  Maret 2017
Penulis Wilman Indra Juanda SE.

Bedana Kahayang jeung Kanyataan

        Bedana kahayang jeung kanyataan
                               Cipt .Wilman Indra Juanda SE.
Meletekna panon poe ti belah wetan
Geus mimiti mukakeun rundayan carita ieu alam pangwenangan
Bray cahayana nyingraykeun haleungheum sieum
Jeung pepedut nu ngalumuk sabudeureun pagunungan
Mere tangara pikeun nyorang, ngumbing akar kahirupan
Saban poe urang miang
sangkan teu kurang eusi kendi jeung pabeasan
Saban sore urang mulang ninggalkeun hanca garapan
Singraykeuneun poe isukan
 Nyorang jalan nu tarahal ngumbing akar kahirupan
Di wanci maju kasimpe ,bentang kaciri geus leungse,marengan lalangse hate
Mun urang sadar  gening kacida bedana antara  kahayang jeung kanyataan
Pungkal pengkolna jalan nu nanjak sarta tarahal salengkah demi salengkah geus kalakonan
Bruy bray na mangsa katukang milu marengan sangkan leuwih ngarti mangsa keur ngigelan jaman ka jaman
Mun can nyaho pasti ngaco ,mun geus ngaco pasti ngaca ,mun geus ngaca pasti ngaci ,,,ngaji diri sadar kana kersanning gusti nu maha widi
Kitu cenah kasauran para kiya,i
Kitu cenah kasauran para Ulama
Sok sanajan ukur sapada
Sumerep jeroning dada,entep dina lelembutan
Leles jejer liat tali nyaluksuk na sanubari
 Duh baraya geuning kacida bedana
 Mun urang sadar kana kahayang jeung kanyataan
 Kacida bedana harepan jeung katangtuan pangeran
         Manusa tetela ukur pipilih
          Neang nu leuwih
          Isuk ,geto urang teu nyaho
Geuning kacida rugina mun urang teu tumarima
Ngigelan ieu lalakon malah luar tina tetekon
Mun kitu geuning tetele
Urang kudu bisa tumarima
Kana kodrat jeung Irodatna mantena
                 Urang kudu bisa narima paeh saperti narima hirup
                 Urang kudu bisa narima geuring saperti narima cageur
                 Urang kudu bisa narima euweuh saperti narima aya
                  Urang kudu bisa narima rugi saperti narima untung
Sabab gening tetela eta kabeh hal nu ilahar
Tur geus biasa katangtuan nu maha kawasa
Robahna lir ibarat mangsa hujan jeung mangsa katiga
Datang jeung mulang ku sapangersana
       


                                  Bandung 1 Maret 2017






basa rek indit

Basa rek indit
Bareng jeung lawang ghoib mukakeun panto lawang panonpoe
Di papag imut mega samar samar
Angin pamit ngusap birit
Tuhu kana ucap janji langit kamari
Kapinis nyamberan kalangkang
Sorangan na beungeut empang
Dina dahan pangpung gaaring
Anak peking pating caricit ricit
Nepikeun jumerit kaluhur langit
Leungiteun kalangkang mega
Pangiuhan panyaluuhan
Muara leungiteun wanda
tresna ngambang di sagara
pisah raga pisah nyawa
Ayeuna kakara sadar mun nyawa tinggal sapasi
Jati diri jadi saksi ,mun datang topan ka aral
Saupama dahan dahan awi ngaregang
Hate merang ku kamelang.

Aya naon di ieu Jaman

                    Aya naon di ieu jaman
Di ieu jaman naha rasa  bet marudah teu genah ,teu tumaninah
Di ieu jaman naha hate tagiwur jauh tina rasa syukur
Di ieu jaman sagala rupa nu mustahil bisa ngajadi dumadakan
Di ieu jaman naha jalma malah resep ngumbar kagorengan
Di ieu jaman naha hate manusa abur aburan hese di nasehatan
Di ieu jaman naha harta banda geus ngajadi kabanggaan
Di ieu jaman naha hukum hese pisan di tegakeunnana
Di ieu jaman naha manusa loba ningkah gumagah jiga hirup nu manehna
Di ieu jaman usum hujan jeung halodo geus teu puguh datang mangsana
Di ieu jaman budak leutik bet kokolot begog jiga nu loba elmu tur pangalamanana
Di ieu jaman sagala rupa perkara daratang pada mere tanggara
Sangkan manusa leuwih mikiran kana dirina
Sangkan manusa leuwih condong pikeun nyalamekeun ka alam kalangengnana
Sangkan manusa geuwat balik kana fitrahna salaku manusa
Sangkan manusa balik deui kana jati diri sajati nu ngancik dina dirina
Sangkan manusa geuwat ninggalkeun sagala rupa perkara nu taya pisan paedahna
Boa boa isuk geto waktu geusan nilepan buku caritana
Boa boa isuk geto waktu datang mungkas carita pedaranana
Pedaran carita manusa nu geus katulis di buku nu geus teu bisa di robah deui ayana
Buku tulisan jeung papan tulisan nasib nasibna manusa sewang sewangan
Di Lohmahmujh eta kabeh ayana
Nu teu saurang oge bisa ningali rahasih catetanana
Urang ukur bisa mawas diri ,waspada kana nu bakal tumiba
Urang tetep kudu bisa narima sok sanajan teu luyu jeung kahayang nu sakuduna
Urang kudu bisa narima paeh jiga narima hirup
Urang kudu bisa narima rugi jiga narima untung
Urang kudu bisa narima gering jiga narima cageur
Sabab hal eta datangna ilahar nu pasti datangna
Sabab datangna lir ibarat datangna mangsa hujan jeung mangsa katiga
Datang jeung mulang ku sapangersana
Turut tumut ka sapangersana
Allah Swt anu maha sagalana
Allah,...Allahuakbar,..Laaillahaillalloh
Allahuakbar


Bandung 9 Afril 2017
Penulis. Wilman Indra Juanda SE.



         Aqidah
                     Cipt .Wilman Indra Juanda SE.
Kamana urang nyarandekeun hiji kayakinan
Geusan mutang manteng ka pangeran
Mun teu boga cecepengan,,
Ajeg jeung kuatna kayakinan pikeun pasrah sumerah
Ngan bisa ngawujud mun urang boga  Aqidah
 Naon atuh ari Aqidah
  Ari aqidah teh nyaaeta kalimah Thoyibah
 ''   Laaillahailalloh ''
Hiji kalimah anu geus di pasek ku lam mim dua kalimah sahadat anu nyaluksuk kasatiap sum sum balung geusan mukakeun lawang lawang kapetengan nu aya na diri urang sewang sewangan
Tetep panjeg istiqomah sok sanajan di tengkas di temprang ku rupa rupa pasoalan
Aqidah hambo oyag kalinduan gedag kaanginan
Teu butuh ku pangkat ,harta ,banda jeung sagalana
Mun ukur rek mawa kana cilaka
Teu butuh kawasa rongkah
Mun rek mawa rasa gumagah
Leuwih hade jadi jalma anu hina
Nu salawasna muntang manteng ka mantena
Tinimbang loba kaboga bari mawa ujub ria
Sok sanajan,kadang hawa napsu remen datang geusan ngabunasika alam pamikiran
Tapi roh anu suci gewat nepungan mera cahaya sangkan caang padang narawangan
Aqidah mere sawangan nembus wates ieu alam pawenangan
Aqidah mere harepan kahiji alam kalanggengan
Aqidah teu katipu ku emas intan jeung rupa rupa pangreka jeung pangbibita ieu alam pawayangan
Saestuna Aqidah percya sarta yakin sagemblengna kana kakawasaanna pangeran
Nungawengku ku dzat jeung irodatna nu maha sagalana "Alloh'' nu maha luhung tur maha agung
Laailllahaillaloh ''Alohuakbar.

     Bandung 8 maret 2017
Penulis Wilman Indra JuandaSE.




Pangindung Rasa

Pangindung rasa
        Cipt.Wilman Indra Juanda .S.E.
Pamugi hibarna srangenge milu nyaangan
Hate urang sarerea dulur
Seungitna kembang malati nu ligar di patamanan
Nyambuang jadi wawangi kembang nu asri
Sakedeng yu urang impleng
Bari ngaheneng ngaraga meneng
Mukakeun angen angen nu tadina di anggap peteng
        Menekung loba kabingung
         Teu ,teu kudu bingung
         Antara hirup jeung ngimpi
          Hirup lir ibarat ngimpi
Mun pareng poe isuk panggih deui
Lambaran nu anyar kabuka ti mmimiti
Wanci janari,
        Yu urang tangkeup dzikir ketir
        Nu aya di badan lahir
        Ciciren badan awaking
         Nu nyanding dina hariring
Dina raga aya jiwa dina jiwa aya sukma
Nu jadi pangindung rasa
Manehna ceurik dina ati
Bongan ku urang teu di pupusti
        Saencan diri pinasti
       Ajal tumekaning pati
       Ulah rek kasungsi -sungsi
       geuwat- geuwat sadar
       Kana diri
Sok sieun ,rempan ku bisi
Kaburu datangna wanci
Raga papisah jeung nyawa
Maot pingaraneun nana

   
     

Anaking '' Cipt Wilman Indra JUanda SE

       Anaking jimat awaking
                        Cipt. Wilman Indra Juanda SE

Anaking jimat awaking
Mustika pangupah jiwa pangupah rasa nalangsa
Jung aranjeun sing geura nangtung
Mulus banglus panjang punjung
Nembongkeun daya ,nembongkeun jaya lain harti ujub ria
         Bral aranjeun geura tandang bela pati bela juang
         Eleh ,meunang tong salempang
         Makayakeun jiwa jeung raga kitu memang sakuduna
Saur Rosululloh estu usaha mah tetep puhit jiga anu hirup langgeng
Tapina kudu sabanding jeung ibadah ulah petot jiga anu paeh isuk
Ti bapa ieu pepeling sangkan hidep tetep eling
Henteu beurang henteu peuting satungtung aranjeun nyaring
           Geura garap hanca bapa ,hanca bapa nu katunda
            Wawanen nya kudu boga tandaning urang percaya
            Percaya kanu kawasa ,lain harti ujub ria
            Sumawona  ningkah gumagah
            Teu karep kawasa rongkah ,tong jadi jalma sarakah
Ulah miyuni pare nu kences
Polah sarakah ngan ukur aes
Geusan mindingan eusi nu kences
       Ngenca ngatuhu tandangna angkuh
       Kasilir angin moyeg teu ampuh
       Beda jeung pare nu ngeusi
        Mun oyag rajeun ngabakti
Tungkul lungguh henteu angkuh
Nyipta lagu kahirupan
Didunya sapangbetahan
       Lega setra alam padang
       Sapanjang anjeun can nyorang
      Rata sirna poe panjang
                                                 minggon 28 Pebruari 2017



Aku

         Aku
      Cipt. Wilman Indra Juanda .S.E.
Aku adalah arus kehidupan yang mengalir di jiwamu
Dan kau adalah sebagian dari aku
Aku ini suci maka jangan biarkan aku terkotori
Dan jika saja aku terkotori ,maka pasti engkau tenggelam
Dan hilang tanpa tujuan
Sayangilah aku karena aku adalah cahaya sorga bagimu
Di dalam sumsum balungmu aku terdiam
Merasuk dan meragasukma di dalam raga dan jiwa
Di balik rasa enggan gelisah dan keinginan aku terdiam
Mencari seatitik ruang kedamaian
Dalam makna yang tak mungkin terpisahkan
Napas hati dan jiwamu benar benar bersatu dalam lubuk batinku
Di sini aku berpijak pada apa yang tersirat
Dan menuangkannya pada apa yang tersurat
Dan dalam genggaman tangan ini iapun terdiam
      Lihat dan lihatlah
Kini sang layar telah ku kembangkan
Itulah itulah pertanda perahu akan melaju
Dan ,dan aku bersumpah demi alam dan sang penguasa alam nan jagat raya ini'
Aku ,aku lebih baik mati dari pada harus putar haluan
Setinggi gunung yang menjulang tinggi
Jalan berliku dalam kerikil tajam berapi
Akan tetap kudaki hingga di ujung rasa lelahku ini
Wahai jiwa ,wahai jiwaku yang terjaga dalam damai dan doa
Dibalik rasa enggan gelisah dan keinginan engkau terdiam
Tetaplah berjalan menuju puncak kemakmuran dan kedamaian
             
             Bandung 1 maret 2017
Penulis Wilman Indra Juanda SE.


Katulah

Katulah
Aya paribasa ceuk kolot baheula
Manusa kadang sok kasiku ku laku
Katulah ku lampah
Aya paribasa ceuk kolot baheula
Keun bae rek polah kumaha oge da urang mah manusa
Nu moal percaya mun paripolah mawa balukar nu teu merenah
Sabab ari aki mah nuturkeun ,cenah
Naon ari aki teh ,,,lain aki -aki anu geus pikun
Aki teh nyaeta akibat
Akibat tina polah jeung lampah
Nu moal weleh nutur keun sok sanajan urang lumpat
Ka tungtung jagat
Nutur keun sapat tepi ka alam aherat