Bedana kahayang jeung kanyataan
Cipt .Wilman Indra Juanda SE.
Meletekna panon poe ti belah wetan
Geus mimiti mukakeun rundayan carita ieu alam pangwenangan
Bray cahayana nyingraykeun haleungheum sieum
Jeung pepedut nu ngalumuk sabudeureun pagunungan
Mere tangara pikeun nyorang, ngumbing akar kahirupan
Saban poe urang miang
sangkan teu kurang eusi kendi jeung pabeasan
Saban sore urang mulang ninggalkeun hanca garapan
Singraykeuneun poe isukan
Nyorang jalan nu tarahal ngumbing akar kahirupan
Di wanci maju kasimpe ,bentang kaciri geus leungse,marengan lalangse hate
Mun urang sadar gening kacida bedana antara kahayang jeung kanyataan
Pungkal pengkolna jalan nu nanjak sarta tarahal salengkah demi salengkah geus kalakonan
Bruy bray na mangsa katukang milu marengan sangkan leuwih ngarti mangsa keur ngigelan jaman ka jaman
Mun can nyaho pasti ngaco ,mun geus ngaco pasti ngaca ,mun geus ngaca pasti ngaci ,,,ngaji diri sadar kana kersanning gusti nu maha widi
Kitu cenah kasauran para kiya,i
Kitu cenah kasauran para Ulama
Sok sanajan ukur sapada
Sumerep jeroning dada,entep dina lelembutan
Leles jejer liat tali nyaluksuk na sanubari
Duh baraya geuning kacida bedana
Mun urang sadar kana kahayang jeung kanyataan
Kacida bedana harepan jeung katangtuan pangeran
Manusa tetela ukur pipilih
Neang nu leuwih
Isuk ,geto urang teu nyaho
Geuning kacida rugina mun urang teu tumarima
Ngigelan ieu lalakon malah luar tina tetekon
Mun kitu geuning tetele
Urang kudu bisa tumarima
Kana kodrat jeung Irodatna mantena
Urang kudu bisa narima paeh saperti narima hirup
Urang kudu bisa narima geuring saperti narima cageur
Urang kudu bisa narima euweuh saperti narima aya
Urang kudu bisa narima rugi saperti narima untung
Sabab gening tetela eta kabeh hal nu ilahar
Tur geus biasa katangtuan nu maha kawasa
Robahna lir ibarat mangsa hujan jeung mangsa katiga
Datang jeung mulang ku sapangersana
Bandung 1 Maret 2017
Tidak ada komentar:
Posting Komentar