Minggu, 25 Juni 2017

Anaking '' Cipt Wilman Indra JUanda SE

       Anaking jimat awaking
                        Cipt. Wilman Indra Juanda SE

Anaking jimat awaking
Mustika pangupah jiwa pangupah rasa nalangsa
Jung aranjeun sing geura nangtung
Mulus banglus panjang punjung
Nembongkeun daya ,nembongkeun jaya lain harti ujub ria
         Bral aranjeun geura tandang bela pati bela juang
         Eleh ,meunang tong salempang
         Makayakeun jiwa jeung raga kitu memang sakuduna
Saur Rosululloh estu usaha mah tetep puhit jiga anu hirup langgeng
Tapina kudu sabanding jeung ibadah ulah petot jiga anu paeh isuk
Ti bapa ieu pepeling sangkan hidep tetep eling
Henteu beurang henteu peuting satungtung aranjeun nyaring
           Geura garap hanca bapa ,hanca bapa nu katunda
            Wawanen nya kudu boga tandaning urang percaya
            Percaya kanu kawasa ,lain harti ujub ria
            Sumawona  ningkah gumagah
            Teu karep kawasa rongkah ,tong jadi jalma sarakah
Ulah miyuni pare nu kences
Polah sarakah ngan ukur aes
Geusan mindingan eusi nu kences
       Ngenca ngatuhu tandangna angkuh
       Kasilir angin moyeg teu ampuh
       Beda jeung pare nu ngeusi
        Mun oyag rajeun ngabakti
Tungkul lungguh henteu angkuh
Nyipta lagu kahirupan
Didunya sapangbetahan
       Lega setra alam padang
       Sapanjang anjeun can nyorang
      Rata sirna poe panjang
                                                 minggon 28 Pebruari 2017



Tidak ada komentar:

Posting Komentar