Minggu, 25 Juni 2017

Aya naon di ieu Jaman

                    Aya naon di ieu jaman
Di ieu jaman naha rasa  bet marudah teu genah ,teu tumaninah
Di ieu jaman naha hate tagiwur jauh tina rasa syukur
Di ieu jaman sagala rupa nu mustahil bisa ngajadi dumadakan
Di ieu jaman naha jalma malah resep ngumbar kagorengan
Di ieu jaman naha hate manusa abur aburan hese di nasehatan
Di ieu jaman naha harta banda geus ngajadi kabanggaan
Di ieu jaman naha hukum hese pisan di tegakeunnana
Di ieu jaman naha manusa loba ningkah gumagah jiga hirup nu manehna
Di ieu jaman usum hujan jeung halodo geus teu puguh datang mangsana
Di ieu jaman budak leutik bet kokolot begog jiga nu loba elmu tur pangalamanana
Di ieu jaman sagala rupa perkara daratang pada mere tanggara
Sangkan manusa leuwih mikiran kana dirina
Sangkan manusa leuwih condong pikeun nyalamekeun ka alam kalangengnana
Sangkan manusa geuwat balik kana fitrahna salaku manusa
Sangkan manusa balik deui kana jati diri sajati nu ngancik dina dirina
Sangkan manusa geuwat ninggalkeun sagala rupa perkara nu taya pisan paedahna
Boa boa isuk geto waktu geusan nilepan buku caritana
Boa boa isuk geto waktu datang mungkas carita pedaranana
Pedaran carita manusa nu geus katulis di buku nu geus teu bisa di robah deui ayana
Buku tulisan jeung papan tulisan nasib nasibna manusa sewang sewangan
Di Lohmahmujh eta kabeh ayana
Nu teu saurang oge bisa ningali rahasih catetanana
Urang ukur bisa mawas diri ,waspada kana nu bakal tumiba
Urang tetep kudu bisa narima sok sanajan teu luyu jeung kahayang nu sakuduna
Urang kudu bisa narima paeh jiga narima hirup
Urang kudu bisa narima rugi jiga narima untung
Urang kudu bisa narima gering jiga narima cageur
Sabab hal eta datangna ilahar nu pasti datangna
Sabab datangna lir ibarat datangna mangsa hujan jeung mangsa katiga
Datang jeung mulang ku sapangersana
Turut tumut ka sapangersana
Allah Swt anu maha sagalana
Allah,...Allahuakbar,..Laaillahaillalloh
Allahuakbar


Bandung 9 Afril 2017
Penulis. Wilman Indra Juanda SE.



Tidak ada komentar:

Posting Komentar