Minggu, 25 Juni 2017

Dongeng saliwat

"Keketeg  Jantung "Karangan. Wilman Indra Juanda SE.
Meletekna panon poe ti belah wetan geus mimiti nyaangan sabudeureun alam,hiji sepuh tengah tuwuh tonggoy ngalenghoy lir macan teunangan muru hiji lengkob pasawahan seja nganggeuskeun hanca garapan singraykeuneun poe isukan,na tatakna teu weleh nyampay hiji pacul nu satia milu marengan,...Cing mulus banglus ,,kahayang mah ,,tapi teing kumaha jadina ieu pare teh,....ah lahaola we,,,,,..Aki Mursid ngomong ka sagumpluk pare nu keur sumedeng beukah,teu beda ti kawas ngomong jeung jalma anu bisa ngarti kana naon nu di ucapkeunnana.....kecruk manehna mancongkeun paculna kana kamalir cai solokan nu bras kana sawah garapanana,....teing geus sabaraha kuruling Aki Mursid nengetan pare hasil tina luaat leet kesangna mangsa anjeuna keur ngeureuyeuh macul dina mangsa metemeyan ngabuka tanah lengkob jadi hiji pasawahan anu sakitu alusna.Keur anteng memener solokan cai, ngong adzan lohor kadenge mere tanggara yen waktu sholat lohor geus nincak dina waktuna,,,,Allohuakbar,,,,bener teu karasa gening waktu teh geus lohor deui,,,,Aki Mursid ,seregep pisan ngadenge sora adzan teh memang kitu kabiasaannana Aki Mursid hiji sepuh nu kukadidik ku atikan da puguh anjeuna teh salah sahiji jalma jebolan pasantrenan kitu lalakon hirup dina mangsa keur ngorana nu tara leupas bubuara geusan ngamalkeun elmu tur nyiar pangalaman pikeun pibekeleun jaga dina mangsa geus kolotna dina mangsa tanaga jeung kamampuan dirina ngurangan ka gereyem ku waktu nu saseget saseget ngagayem jiwana nganteur mulang ka mantenna ,waktu nu ngagayem kulit jadi kariput,waktu nu ngarobah sagala jalan kahirupannana ti mangsa ka mangsa. , sok sanajan ukur jadi hiji panyawah nu alakadarna tapi hirupna teu weleh tremtrem ayem tur tumarima kana nikmat pangeran nu geus dibikeun ka manehna,,....lengkud lengkud manehna muru pancuran cai nu kacida herang tur beresih caina terus Aki Mursid wudhu kalawan anca tartib pisan tara pisan rurusuhan kitu memang sakuduna,pacul nu geus menang meresihan sakalian ku manehna di ampihan ka handapeun tajug atawa musola leutik sisi pasawahan milik manehna ,di jieun ku manehna eta tajug teh sok sanajan ku bahan anu sederhana tapi merenah matak betah pikeun saha wae nu di kersakeun pikeun hayang milu shalat didinya.Asallamualaikum ,,,,Aki Mursid ,,,uluk salam samemeh manehna asup ka tajugna jiga pisan manehna uluksalam ka papada jalma ,kitu memang geus ilahar tur geus biasana,....Sajadah anu bersih tur kaambeu seungit minyak wangi teh di amparkeun,.....Dina amparan sajadah Aki Mursid Nangtung kalawan tumaninah pisan saterusna nya manehna ngalaksanakeun kawajibannana nyaeta nohonan sholat lima waktu salah sahiji kawajiban umat Islam anu turut tur anut kana ajaran mantena Rosululloh Saw.
Angin leutik ngahiliwir nebak dangdaunan nu cing aroyag ,hawa seger nyaluksuk kasumsum balung nyaliara kana sakijur awakna hiji sepuh tengah tuwuh nu geus bener bener taat tumut ka Pangeran kawengku ku elmu tur pangalaman nu nuwuhkeun hiji kayakinan nu panceg istiqomah teu unggut kalinduan jeung teu gedag kaanginan,,,Hidayah nu teu weleh ngucur lir cai pancuran nu ngerelek taya kendatna milu maseuhan pepelakan naon wae nu di tancebkeunnana,,,,kitu deui nancebna kalimah toyibah ''Laaillahaillalloh ,Muhammadarosululloh bener bener geus di pasek ku Lam Mim,dua kalimah sahadat nu geus di ucapkeunana, saban waktu bareng jeung keketeg jantung dina jeroning dadana roh nu suci nu ngancik dina ati sanubarina teu weleh ngalalana ka sumsum balung nyaliara ka sakujur badanna mukakeun lawang lawang kapetengan nu aya dina dirina
Leres pisan kasauran para Kiyayi leres pisan kasauran para ulama hirup jalma tetela geus ka wengku ku dzat jeung irodatna jalan kahirupan nu nanjak tarahal mere tanggara yen hirup teh ukur ujian sangkan Takwa ka mantena tapi mungguh manusa nu tara leupas tina poho ,salah ,balangah ,nu nu ngakibatkeun ti soledat kana laku lampah nu ngajadikeun dosa tapi keun bae da Allah Swt tetela maha jembar pangampura ka singsaha nu hayang tobat , balik deui ka jalan nu di piridho ku mantena ,mun can nyaho pasti ngaco,mun geus ngaco pasti ngaca, mun geus ngaca pasti ngaci ,ngaji kana diri pikeun nyiar ridho gusti sangkan mulang keuna kana lafazna ,,Innalillahi,....
  Diji saung ranggon anu jarugjug jangkung juru pasawahan nu keur sumedeng beukah  hiji jajaka kasampak keur anteng ngumbar lamunan jiga aya nu dipikiran saha deui atuh mun lain jang Maman hiji jajaka nu gandang malum keur tumuwuh rasa cinta nu kacida gedena ka hiji mojang lenjang nu sumeah tur ramah tamah saha deui atuh mun lain neng Santi pupujaning atina.Bareng jeung angin leutik nu ngahiliwir napas nyelek natungtung biwir kahayang mah manehna teh ngapung ngawang ngawang sangkan bisa ngudag kahayang lamunan tapi tetep ngangkleung di awang awang ngambang,,,,..Duh kudu kumaha mapalerkeun ieu hate bet teu bisa pisan di pepende ,,,,rasa nalangsa taya pisan nu mirosea ,sakapeng hate silem kadasar sagara ,,,,karasa manusa geuning teu wala kaya sok sanajan rasa cinta ngagebur ,ngentab ngentab ,seseleket taya eureunna ,..duh kudu kumaha gusti,,,,,,pasihan abdi kakiatan kana cocobi ,,,pamugi ulah jadi abdi leupas tina jati diri,,,,,ceuk manehna ngagerentes jeroeun eusi hatena
Saterusna nya manehna menekung semu bingung ,bingung nu teu manggih tungtung ngarasakeun jogolna antara kahayang jeung kanyataan jadi dacin jeung timbangan dina pamikiran kana lampah nu bakal kasorang,tur kudu di lakonan,,Panon poe geus mimiti reupreupan geusan mulang di pirig ku sora sasatoan ,sato peuting nu patembalan ,jang Maman oge maksakeun ngalengkahkeun sukuna geusan balik ka imahna bari mawa hate nu ngambang pinuh ku rasa salempang ,ras inget ka rasa cintana ka neng Santi sok sieun teu ti nekanan.  
Leungit caang   ganti ku mangsa reup -reupen  patamorgana alam dunya geus mimiti robah semu haleuheum sieum teu beda jeung kaayaan hatena jang Maman nu keur alum nguyung rasa cinta gumulung jeung cita cita tur harepanana lamun tea mah bisa tinekanan
     Dihiji lembur nu nenggang sisi pasawahan nu hejo ngemploh ti kajauhan ketingali hiji wanoja nu keur soson seja nohonan kawajibanana nu saban poe geus di lakonan saha deui atuh lamun lain neng Santi anu harita kakarek ngahonor jadi guru sakola di salah sahiji sakola SD nu aya di lembur eta.Saragam batik anu rapih meurenah pisan di pake ku salah sahiji guru SD anu munggaran seja ngabdi kana kawajiban.Sangeus siap siap kalawan tertib pisan Neng Santi uluk salam ka indung bapana seja miang nedunan kawajibannana ngawuruk barudak sakola kitu memang geus biasana ,..Assalamualaikum ,,,,maa,.....bapa,..abdi angkat nya,,,,,,, kitu saurna teh,,,,,Waalaikumsallam Wr,..Wb,... Indungna jeung bapana neng Santi ngajawab bari nguruyung ti dapur imahna ,,,,,kade teu aya nu kakantun neng,.....teu aya ma,,,,saur neng Santi ngawaler pananya indungna,.... nya sok atuh ,,,,,ati ati,,,di jalanna,,,,,,,muhun ma,....piduana we,...... saur neng Santi bare teu talangke deui manehna ngalengkahkeun sukuna salengkah ,...salengkah beuki ngajauhan imah katut lemburna kitu deui nu jadi indungna neuteup teu lepas tepi ka nu jadi budak leungit tina kongkolak panonna waktu harita ,les bae neng santi leungit tina panenjona teu katingali saking ku jauhna,indungna terus bae asup deui kajero imahna seja neang seuneu nu titatadi di tinggalkeunnana.
  Panon poe nu moleret panas nyengkab ka sakijur badan jasadna sakabeh manusa ,kekebul jalan geus mimiti marulek katebak angin katiga mere tanggara yen usum halodo keur meujeuhna pisan tarikna ,haseup bodas pauntuy untuy hayang nutupan cahaya panon poe sok sanajan ngan sawatara mere tanggara yen nu maha kawasa tetep miwelas miasih ka sakabeh manusa sok sanajan manusa loba teu tumarima ,Teng ,... teng sora lonceng kadenge mere tanda geus waktu mulang  geus nincak dina waktuna geusan teruskeuneun poe isukan,barudak mudal jiga siraru nu ngaburial tina liangna ,kitu deui neng Santi anjeuna ge sarua pada meresan sakabeh palengkepan alat ngajar katut buku buku palajaran kana jero kantongna tarapti pisan tara rusuh jiga barudak nu geus teu kuat hayang geura balik da teu kuat ku rasa lapar dina beuteungna ,sanggeus uluk salam ka sakabeh guru guru sejenna ahirna Neng Santi oge ngeureuyeuh balik mapay jalan gede nu ngembat panjang di baturanku hiji payung anu satia milu marengan ,rasa cape nu gumulung jeung  mulekna kekebul jalan nguji pikeun manusa sangkan leuwih nambahan rasa takwana ku sabaran ,kitu deui nu kualaman ku neng Santi dina ieu poe sok sanajan jauh tapi geus teu karasa ripuh da puguh kadidik ku elmu tur didikan mental sapanjang manehna nyiar elmu dina waktu waktu katukang saacan manehna ka papancenan pikeun ngajar,salengkah salengkah ahirna tepi oge kana tujuan ,bareng jeung datangna indung neng Santi nu angkaribung ku babawaan malum ,hiji kolot anu loba rempan ku sagala kakurangan ,mun mulang ti kebon tara noleh kana hese jeung rumpil na jalan anu nanjak tarahal ,sapanjang masih bisa pikeun nyepengan sagala nu ka panggih sok hayang bisa di bawaan ,suluh dina aisan,bedog di giwing teu di carangkaan ,kitu deui leungeun kencana masih keneh bisa babawaan ku kadaharan sarupaning beubeutian.Neng Santi surti pisan sok  sanajan cape na kacida balas leumpang nu sakitu jauhna tapi manehna teu tega ningali indungna nu datang ti kebon bari sakitu angkaribungna geuwat wae manehna muru indungna rek mantuan jeung pangwakeun babawaanana,sanggeus kitu kakara manehna asup ka imah bari sakalian rek ganti baju saragam ngajarna.
           Kekebul jalan nu teu weleh rabul ka tebak angin ka tiga bareng jeung mulekna naon nu aya dina utekna manusa surup pisan jeung gumullungna pipikiranna jang Maman nu teu weleh marudah mikiran hiji mojang lenjang nu tacan manggih jalan pikeun narekahannana,duh,...gusti pamugi masihan kakiatan ka jisim abdi tina ieu cocobi,..... jang Maman sasambat ,,,,geusan nentremkeun hatena nu sakapeung angenna ratug tutunggulan balas nahan rasa kagembang,nguyung gandrung hayang tepung ,hayang pisan geura ka bandang ti saprak papanggih reujeung neng Santi dina mangsa katukang tukang ,emutna teu weleh ngunguntit dina lamunanna jang Maman tapi nya dalah di kumaha atuh jang Maman oge sadar kana kaayaan dirina nu ngawates antara kahayang jeung kamapuanana,ti poe ka poe ti minggu ka minggu ,ti bulan kabulan ,mulan malen lajuna waktu bareng jeung keketeg jantung dina dadana ,antukna nya datang bulan anu kacida mokahana bulan naon atuh mun lain bulan Puasa hiji bulan anu kacida pisan dianti antina ku sakumna umat Islam nu masih turut tumut kamantena Allah Swt.Geus biasana di lembur mun datangna bulan Puasa sok sagala kagiatan di aya aya pangpangna nu aya pakuat pakaitna jeung kagiatan agama,kitu deui nu kalaman ku Neng Santi nu di peredih ku barudak dididikanana di sakola sangkan nambahan kagiatan kaagamaan ku cara ngawulang di mesjid mesjid pikeun muka sanlat cenah atawa pasantren kilat kitu memang geus ilahar turta biasana,kitu deui Jang Maman oge sarua bareng jeung kabeh babaturan anu saantraganana ngahaja sarua rek muka kagiatan ka agamaan nu aya di lemburna atuh  kaayaan di lembur jadi rame batan tisasari ,haneuteun teu silihna unggal mesjid teu weleh pinuh ku kagiatan kaagamaanana barudak ngabring pada mawa buku pelajaran baca Qur,an sewang sewangan ,aya oge nu mawa buku hadist, tafsir Al 'Qur an ,sajarah para nabi jeung sajabana,mun geus waktu mangsa salat taraweh , mesjid pinuh mudal teupi kaluar mesjid teu kawadahan saking loba jalma nu pada hayang ngalaksankeun tarawehan,kitu deui Jang Maman harita geus saged make baju takwa anu sarwa seungit persis jiga ustad ternama nu geus kakoncara kitu memang sakuduna ,Neng Santi oge komo salaku salah sahiji guru agama nu kacida di perhaatikeunana ku balarea tinangtu kudu leuwih soson ulah tepi kajadi omong .
Di hiji mesjid mesjid nu pinuh teu katara mun tea mah rek silih perhatikeun diantara jalma jalma nu saling pikaresep antara nu sejena kitu deui nu ka alaman ku Jang Maman anu ngahaja maling maling panenjona kasakabeh jemaah nu aya didinya khususna mah pihak awewe na hatena teu weleh panasaran sugan jeung sugan bae Neng Santi nu jadi pupujaning atina kabireungeuhan aya sarta bisa katingali sok sanajan ukur kali kali,ret,...ret,,,, panon jang Maman nitenan hiji hiji wanoja nu keur budal di tempat solatna nu misah di sagedengeun tempat solatna di halangan ku hordeng nu jangkungna mapakan kana sakabeh jamaah awewe nu keur salat jamaah didinya ,hatena na ratug tutunggulan barang ningali hiji mojang nu keur di incer ku dirina saha deui atuh mun lain neng Santi nu harita keur ngabring bareng jeung sakabeh wanoja nu sejenna tapi neng Santi sauetik oge teu ngarasa mun sapasang panon neuteup kadirina,neng Santi hare hare we bari terus muru ka imahna bareng jeung nu sejenna.
Asa ci keneh pisan bulan puasa teh datang teu karasa geus sabulan gening geus kalakonan ,sora dulag patembalan bareng jeung seahna sora takbiran mere tanggara yen poe lebaran datang poe isukan ,rupa rupa kaolahan di aya ayakeun pikeun nyuguhan semah nu teu kudu di ondang nu tinangtu baris pada datang pikeun silih tepungan nepungkeun deui duduluran ,di pasar rame nu balanja meuweuh ,nu dagang beuki sibuk ngungkulan pasoalan sewang sewangan ,kitu deui Neng Santi nu harita geus tatahar nyadiakeun sagala kaolahan rupa rupa ,kueh ,ranginang ,opak ,limun ,jeung lianna deui geus sayogi di jero lomari tengah imah sangkan babari nyokot mun isukan loba kadatangan semah.
Tangkal kalapa jadi sasaran para pamuda nu resep nyieun kupat ,ampir kabeh tangkal kalapa di tarekahan di arala daun nu masih ngorana sok sanajan tangkalna jalukjug jangkung kacida.kitu deui Jang Maman sarua pada pipilueun ngala sakadada kadugana ngala daun kalapa da rek ngahaja dagang kupat dina malemanana.Allohuakbar ,...Allohuakbar,.... Allohhuakbar,....laaillahaillallohhualloh hu akbar ,Allohuakbar walillahilham,....gema takbir ngahudang rasa pikeun nambahan rasa syukur ka pangeran ,ratug angen jeung jajantung mere totonden yen masih ayana iman dina sajoreun dadana sakabeh umat Islam waktu harita,di lapang anu lega lugina sakabeh jalma ngalaksanakeun salat Idul fitri kacida hidmatna kitu memang sakuduna dilaksanakeun kalawan tertib pisan katingalina,sanggeus solat Idul Fitri kabehanana pada mulang deui ka imahna sewang sewangan kituna teh sanggeus sakabeh jamaah pada sasalaman ,Jang Maman ngahaja balik rada rurusuhan rek menta hampura ka indung bapana sanggeus kitu manehna ngahaja silaturahmi ka babaturanana nu imahna teu jauh ti imahna neng Santi nu jadi panutanana...ngan ku cara kitu hiji hijina jalan pikeun tepung jeung manehna kitu ceuk pamikiranana jang Maman waktu harita.Hatemah  teu bisa di bohongan kitu cenah ceuk paribasa sarua pisan jeung naon nu ka alaman ku jang Maman waktu harita firasat na meneran pisan waktu manehna silaturahmi ka babaturanana ka sampak neng Santi oge keur aya di eta imah babaturanana ngahaja datang ka imah babaturan jang Maman seja silaturahmi ka batur salemburna,kitu memang sakuduna.Jang Maman sok sanajan kacida erana da puguh kapiheulaan ku perasaan anu tagiwur antara rasa bungah ,rasa resep,rasa cinta nu gumulung minuhan eusining hatena ahirna manehna maksakeun ngasongkeun leungeunna kitu deui neng Santi kapaksa sarua pada ngasongkeun kadua leungeunna memang kitu sakuduna ,bari imut ngagelenyu mungguh matak ngirut ka lalaki komo deui nu keur nu meujeuh birahi cocok pisan lamun keuna ka jang Maman mungguh matak dag dig dug teu puguh rasakeuneunana,belengeh jang Maman seuri males imut nu geulis kahayangna mah manehna nyepeng pageuh leungeunna neng Santi nu lemes kacida karasa ku jang Maman mah ,,,keketeg jantung beuki ngajadi kitu deui nu karasa ku Neng Santi waktu harita tetela maranehna boga rasa nu sarua sok sanajan antara manehna jarang pisan panggihna .tamat



         
Bandung 8 Afril 2017
Penulis .Wilman Indra Juanda SE.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar