Mekarkeun ka pribadian
Dina sababaraha sajarah geus kanyahaoan yen sukses hirup nu pangnarikna mah kapimilik ku jalma jalma nu mampuh ngungkulan halangan halangan dina kahirupanana,contona yu urang pedar wae salah sahij pangalaman nu pernah kaalaman ku salah sahiji ahli biola nu kamansur nu namina ''Ole Bull, dina waktu anjeuna keur meujeuhna kasohor ,harita teh manehna keur konsert di Paris,teu puguh puguh kawat biola pegat salah sahiji kawatna ,tapi manena teu gugup sarta terus wae manehna ngarobah komposisi laguna tug nepi katamatna.Tah kitu kaahirupan urang oge lamun urang kaleungitan kamampuan atawa luang dina jalan kahirupann urang ,urang teu kudu leutik hate atawa pondok pangharepan tapi urang kudu bisa neruskeun jalan kahirupan urang ku luang jeung kamampuan anu aya tur anu panghadena.
Tujuan kudu eces
Sagala cita cita teh kudu eces sarta kudu di usahakeun sangkan musat atawa muser kana hiji tujuan .Lolobana jalma anu gagal mekarkeun kapribadianana kusabab maranehna nganggap yen hirup teh hiji hal nu bakal kapanggih lain hal nukudu di ciptakeun.Anu sabenerna kapangihna kuaurang mah ngan ukur kaayaannana wungkul ,sedengkeun urusan nu pangpentingna mah nyaeta muserkeun ka ayaan nu tadi tea kana hiji tujuan nu kuurang geus di tetepkeun.Ngarah leuwih jentre yu urang pedar wae salah sahiji conto nu karandapan ku William Wilberforce,manehna teh salila 20 taun salawasna kudu di talingakeun dokter kulantaran kasehatannana nu teu hade ,cenah manehna teh kudu salawasna nginum opium ,Tapi sok sanajan dina kaayaan anu jiga kitu manehna geus bisa ngaleungitkeun perdagangan budak di Inggris.Hirupna nu tunggara ngajadikeun jiwana leuwih sensitif tetela manehna geus bisa mikawelas mikaasih nu taya kendatna ka jalma jalma anu ka talangsara ,Beda pisan jeung kaayaan jeung pasipatan anu sararehat kadang teu mampuh ngabogaan rasa simpati jiga kitu.
Imajinasi
Pikeun mekarkeun kapribadian teh tetela mikabutuh daya khayal atawa imajinasi ,sabab kahirupan anu luhur biasana sok di mimitian heula ku hijji gambaran nu di bayangkeun ku urang,nya dina ieu gambaran urang kudu bisa ngabayangkeun heula rek jadi naon diri urang teh ,kukituna yu urang tengetan geura riwayat hirup salah saurang panyajak anu ngaranna Jhon Keats.Manehna teh nyaeta salah saurang nu geus yaatim piatu ti keur budak keneh pisan di tambah deui ku kahirupanana nu kacida miskina ,jeung dina panglaman cintana manehna mindeng pisan ngalaman kakuciwaan ,atuh dina karirna oge teu eureun eureun di poyok ku kaumm kritikus.Tapi sok sanajan dina kahirupan nu berat jeung tunggara jiga kitu manehna teu serah bongkokan kana kanyataan .hal sarupa kitu teh sangeus manehna maca buku sajarah kahirupannana ''Faerie Queene"karangan spenser,,hiji carita nu geus bisa ngagugah sumanget pikeun dirina ,,tah kitu nu matak urang oge sakuduna resep maca buku sangkan menang motifasi diri anu ka lintang berhargana.Manehna tetep muserkeun kana hiji tujuan nu geus di teetpkeun tea ''Pok na teh Kuring geus ngarasa yen kuring teh bakal jadi hiji panyajak nu boga tempat diantara panyajak panyajak inggris sejenna .Tah gambaran sarupa kitu teh ku manehna terus di bayangkeun make daya khayalna ,antukna manehna bisa ngahontal cita citana.
Bayangkeun geura urang teh jadi jalma anu elehan ,antukna bakal karandapan jiga kitu ,sabalikna bayangkeun yen urang teh hiji jalma anu salawasna aya dina kaunggulan ,antukna nu karandapan ku urang teh pasti hiji kasuksesan.Coba deui urang teu ngabayangkeun naon naon ti nangtu urang oge salalawasna moal meunang naon naon.
Akal sehat
Tangtu bae mun urang ngabayangkeun hiji tujuan teh kudu make akal sehat ,anu hartina lain ngan saukur ngalamun atawa ngahayal tapi saestuna eta daya hayal urang teh kudu gelar tina akal sehat .Tetela geuning dina kanyataannana rea pisan jalma anu samemeh kana tujuan hirupna teh kudu nandangan atawa ngaliwatan heula rupa rupa jalan kahirupan anu jadi pilihanana, Saterusna jalan anu geus kasorangna bakal jadi hiji elmu tur pangalaman pikeun musatkeun kana hiji tujuan anu di cita citakeunnana
Kukituna eces pisan urang teh kudu make akal sehat dina ngawujudkeun daya khayal teh .jeung kudu boga kayakinan sangkan teu kaumbang ambing ku kaayaan lingkungan.
Wawanen
Kapribadian sajatimah salawasna boga kapercayaan kana dirina ,anu engkena bakal ngagelarkeun wawanen .Lamun urang paercaya kana kamampuan urang di widang musik tinangtu urang bakal jadi pemusik nu kasohor.Tah kitu daya khayal ,wawanen anu di gelarkeun tina akal sehat bakal jadi hiji tanaga kreatif anu teu gaplah ,anu tinngtu bakal mere hasil anu gede ka diri urang .Kukituna kapribadian teh penting pisan ka pimilik ku diri urang sarta kudu di mekarkeun samekar mekarna
Bandung 15 Maret 2017
Penulis wilman Junda Juanda S.E.
Bahan tulisan ''Getting the most out of life .
Nurwana Nurul Iman Bekerjasama dengan HKI ( Hak Kekayaan Intelektual Indonesia ) Melayani Pembuatan Hak Patent ,Merk,Hak Cipta ,Badan Hukum Dll
Nurwana Nurul Iman Bekerjasama dengan DNI ( Duta Network Indonesia ) Melayani Keagenan Pulsa Seluruh Indonesia
Nurwana Nurul Iman : Melayani Tasyakuran Aqikah Sesuai Syariat
Nurwana Nurul Iman : Melayani Belajar Taranum secara vrifat dengan baik dan benar
Alamat :Kp Pasir Salam rt 05 rw 06 ,Desa Wargaluyu,Kec Arjasari .Kab Bandung
Hp :081555992221
Tidak ada komentar:
Posting Komentar